Kaca:Mustika Puraga Jati Sunda.djvu/11

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mustika Puraga Jati Sunda


 Sakitu bubuka catur, pangjajap, panyabda teda. Hatur punten bilih kirang, luput tina lelepitna, nu disanggi mung ukur sieur jeung beunyeur, tebih tina saenyaan. Panyampurna tangtuna ti nu ahlina. Seja tampi masing tepi, ka para pupuhu kanca, anu surti, nu sasawa, nu sasiwi, nu saini, nu sasunda, nu saindung, nu sasia:

Indonésia.

 Dina mangsa kiwari, anu kanyataanana teges, hususna keur bangsa urang anu pada-pada ngalalakon kahirupan manusa, sangkan tepung jeung naon anu dipaluruh, nyatana kasajatian diri, kamanusaan, mampu nepikeun kana lalaku jeung lumakuna hirup anu ngama’na, sarta bisa diwujudkeun dina sipat jeung tabéat anu nyata.

 Taya bayana saupama ieu guaran urang bedah jeung dipedar dumasar kana tata cara adat budaya pribadi, geusan nanjeurkeun tangtungan diri kasampurnaan.

Sangkan pangajegna sajatining diri anu sampurna, pikeun ngawangun tatanan hirup:

  1. Katuhanan: sangkan ngadeg kasajatian diri kamanusaan.
  2. Kamanusaan: sangkan ngadeg kasajatian diri kabangsaan.
  3. Kabangsaan: sangkan ngadeg kasajatian diri karahayatan.
  4. Karahayatan: sangkan ngadeg kasajatian diri Kaadilan.
  5. kaadilan: sangkan ngadeg kasajatian diri kamardiikaan.

Dasar anu lima di luhur, nyatana hiji gambaran pasti pikeun nata lajuning hirup kumbuh pikeun nyahayakeun wujud anu kasipatan ku karsa jeung kersana anu Ma-Ha, geusan wawuh ka kujur katut pangeusina diri, sarta apal

11