Kaca:Mustika Puraga Jati Sunda.djvu/12

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mustika Puraga Jati Sunda


ka papancén hirup salaku "Abdi anu ngabdi ka anu kagungan abadina".

 Dina medar tur ngaguar harti anu misti ku mustari, pikeun ajén-inajén kamanusaan, numutkeun anu kapibanda jeung anu dipiwanda, dina kapribadian Manusa Sunda anu disebut "Talari Paranti". Hamo kudu landung ku catur, hamo kudu panjang ku panalar, dina lumaku-na, ngadadaran ku carita, pibahaneun ngudag élmu, ning rasa kasampuraan, jeung , ning rasa ka-sampurnaan geusan diri, dina hiji ajén anu tangtu, nyatana Ngolah Diri, geusan:

  • Kasampurnaan: sipat laku (ules, watek), anu nyahayakeun sinar (cahaya, asal) ti anu wasaNa, geusan ngawasakeun ka anu diwasana, pikeun ngabasakeun wasa pangawasa ku kersana. Sinarna atawa pancer diri
  • Kasampuraan: wujud jeung laku anu nyinarkeun cahaya sinar wasaNa, anu dina ngawasa-keunana. nyinarkeun atawa mancerkeun

"Sampurna di wasa Gusti anu Ma-Ha, sampurna di basa
ingsun anu nga Ma-Ha."

(Gusti Pancerna Sipat, Ingsun anu mancerkeun dina kasipatanana).

 Hirup geusan manceran dina sagala pangawasa kersa anu geus di kersakeun pikeun nuju kana aji ning ka sampurnaan hirup, tangtu mudu metik élmuning hirup geusan ngahontal, tur ngagema keun diri, pangajian laku, keur pangajén diri anu mangrupa:

  1. Ajiluhung: sangkan diri (kaharkatan).
  2. Aji Komara: wibawa sangkan diri (kadarajatan).
  3. Aji Wiwaha: sangkan diri (kamartabatan)
    12