Kaca:Mustika Puraga Jati Sunda.djvu/13

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mustika Puraga Jati Sunda


 Tilu pangaji di luhur, dasar élmu keur nyipatan lakuning lampah, ciri diri nu ngagema kasinaran ku panceran asal, sangkan wawuh ka nu tilu dawuh nu nyangking nyinaran galuh salaku jagat panataan rasa ti anu ngarsaanana.

 Tilu Dawuh nu nyangking di jagat panataan (tempat cahaya Suci) anu aya dina diri nu nebaran cahyaning ules watek, nyaéta sinar anu dawuh :

  1. Nga - Sanghyang: (diri mijati katuhuan di alamna) keur pangaji elmu suci anu apal ka anu kagungan Wasa.
  2. Nga - Rahyang: (diri mirasa kamanusaan di alamna) keur pangaji élmu suci anu apal diri anu kahirupan.
  3. Nga - Danghyang: (diri miraga kanusaan di alamna) keur pangaji élmu suci geusan apal kana hak jeung pancén mahluk anu pada-pada dicipta saalam (kanusaan), anu campur sangkan sampurna.

Cahayana anu jadi ules watek tina tilu dawuh anu nyinaran galuh, tangtu diri kawandaan sipat:

  1. Ka-Wisnu-an (kawasanaan): hirup, mampu ngadalikeun rasa jeung wasana.
  2. Ka-Shiwa-an (kasahawaan): hirup, mampu ngadalikeun hirup jeung sasamana.
  3. ka-Brahmana-an (kabarahmanaan): hirup, mampuh ngadalikeun laku jeung alamna.

 Tilu cahaya anu nyipatan jadi cahaya nu disebut ules watek diri, udagan anu dihin ku katangtuan, pikeun nétélakeun kasampurnaan dina nataran tatapak pahirupan, anu bakal jadi adeg pangadegna diri, pikeun nyubadanan kabutuhan pasti. Ngahartian, patujuan hirupNa, sabab:

13