Kaca:Mustika Puraga Jati Sunda.djvu/14

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mustika Puraga Jati Sunda

 Hirup anu ngusikkeun, hirup anu ngobahkeun, hirup anu ngawasakeun, hirup anu ngarasakeun, geusan: hirup kudu mawa cageur, hirup kudu mawa bageur, hirup kudu mawa bener, ku alatan hirup nu kahirup, nu kahirupkeun ku hirupna anu suci, ngabukti kalawan nyata. Hirupna keur nuju kasampurnaNa.

Tri Pancer Silah
Tri Pancer Silah, nyatana tilu cahayana diri anu mancerkeun sipat geusan ngahontal kasampurnaan diri anu mibanda sinar:

1. Aji Luhung
Hartina, munel ku pangaweruh rasa jeung jiwa salaku sarining diri anu teguh pengkuh tur ampuh timpuh sarta awas dina ngawasakeun tur ngawaskeun pangawasana, nebarkeun élmu pangaweruh kasampurnaan, ku dasar taliti sarta nastiti saperti:

  • Tékad niat anu suci
  • Ucap lampah anu bukti
  • Pari polah nu merenah, sarta
  • Budi basa nu katata, bémakrama.

" Patalina Diri ka Gusti "

2. Aji Komara (Wibawa),

Gelaran lakuning diri anu nyangking patokan pasti, dina ngajaga tur ngariksa ules watek tiap-tiap anggota badan, anu masing-masing mibanda pakomna pancén séwangan tapi teu luput tina ugerannana, kalawan mungsina, tétés ngalumakukeun dina kahadéan. Tutup hasil kamangpaatan. Naon rupa anu jadi lalakuan, tinangtu ballik hasil ka sorangan, naon rupa sorangan anu geus

14