Kaca:Mustika Puraga Jati Sunda.djvu/15

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mustika Puraga Jati Sunda


disorang, atawa anu tacan ka sorangan, dasarna mah, tetep dina tapak paniatan.

Aji Komara mangrupa wangunan diri anu pinuh ku sinar kasajatian hirup, tegesna mah laku paripolah, kauleswatekan ku naon rupa nu dilakonan, pageuh ku dadasarna kaihlasan, tur dibarengan ku Pancerna rasa jadi sipat: ajénan, anteuran, hampuraan, mujian, jeung hémanan. Jauh kana sipat dengki, ujug hiri jeung takabur.

Panceran Aji Komara, aya dina sinarna rasaning:

  • Pancerna laku: jujur ka diri, kukuh kana jangji, lemes usap teuas peureup, heureut keupeul, lega awur.
  • Pancerna gawé: geusan mingpin diri sakujur, batur sakasur, dulur salembur kalayan baraya sabuder awur. Geusan hirup anu munel ku aji jeung pangaji diri nu diolah ku karancagéan, budi jeung parangi salaku wawangi diri, soméah, daréhdéh sarta hormat tilawat ka sasama hirupna. Éta hasil tina ngasah akal jeung pikir, sangkan lébér wawanén, jembar ku panalar, dina ngolah jeung ngariksa hirup, ngudag tujuan geusan ngajayak tapak, lalampahan sorangeunana: "Suci hing pamrih rancage haté”.

"Patalina diri ka sasama"

3. Aji Wiwaha

Hartina ajén-inajén kaparigelan diri dina ngolah kamotékaran élmu nu weruh salaku kembangna diri, munel ku warna rasa, budi jeung daya, karya jeung karsana, pikeun panalar buah cipta (karya diri). Sugri pangbakti sajining lemahcai, ngapak mega mébér jangjang, hiberna lir manuk julang, ngambah saaweuhan dunya, pakeun jaya weruh sadurung winara. Karsaning ngarancah béntang, tinawur nebar caraang, pakeun ngembangkeun talatah keur ngawangi lemah cai.