Lompat ke isi

Kaca:Mustika Puraga Jati Sunda.djvu/16

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mustika Puraga Jati Sunda

"Patalina Diri ka Alam"

Kawiwahaan (martabat) salaku diri diwangun ku olahan dasar anu ngalahirkeun karya jeung karsa dina kamotékaran élmu, ngolah hirup jadi kahirupan nu hirup keur ngahuripan geusan nyumponan kabutuh alam waruga.

"Niat anu hadé, tepung ahir jeung kahadéan,

Niatanu gorég, tepung ahir jeung kagoréngan".

Ajén pangajén salaku diri

Ajén pangajén salaku diri numutkeun Sunda: lalakon lampah dina pahirupan kudu diwangun ku olahan dasar élmu dina tuturan adat jeung budaya tuturunan, karuhun anu buhun, pikeun panataran tur panuturan ules watek jeung paripolahna anu ngagambarkeun salaku manusa Sunda sangkan mampu nyumponan: kabutuh alam jiwa, kabutuhan alam pikir, jeung kabutuh alam waruga, sangkan dina nata rasa jeung niti diri, aya kadali atawa elésan, teu mangprung ngaberung sakama-kama, sakarep ingsun. Aturan Hirup di alam panyorangan. Kudu pengkuh kana aturan anu di sebut: "tata, titi, duduga, kalih peryoga.

  • Tata (aturan léngkah) = tatapakan laku anu kudu napak kana ugeran aturan talari paranti sangkan teu ngarempak aturan, teu "pamali" (hasil kalakuan anu sok jadi mamala goréng).
  • Titi (tahapan léngkah) = titincakan laku anu nincak kana paniatan anu surti jeung nastiti.
  • Duduga (sawangan) = rupaning anu rék dilakonan tinangtu kudu disawang heula saméméh disorang, sangkan hasilna caina hérang laukna beunang, anu
    16