Kaca:Mustika Puraga Jati Sunda.djvu/17

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mustika Puraga Jati Sunda


karasa pikeun kasalametan. (Wiwaha Yuda na Raga).
  • Peryoga = ukuran kamampuh pikeun ngajurung laku dina hiji tujuan (kasanggupan anu diukur ku kamampuh).

Saperti Ngolah jiwa, keur ngalelemu rasana, bisa di geteran ku cara ngageterkeun sora-sora alam (Rahyang Sora Pagendingan) anu mangrupa alat alat seni Buhun (tradisi). Anu ngumandangna dina geteran galura jeung daya geterna.

Conto leutik tina alat seni Buhun Sunda, anu mangrupa :

  • Kacapi, Alat seni anu di jentréng atawa anu dipetik.
  • Suling, toléat taléot, tarompét, alat seni anu ditiup.
  • Kendang (alat seni tepak], dogdog, jeung réa-réa deui.
  • Karinding, celempung, kohkol jeung sajabana.

Alat alat anu nyangking galumbang, salaku panggeter rasa anu bisa dirasakeun béda béda sérédétna, tangtuna aya maksud jeung tujuan taya ban geusan ngahudangkeun rasa, sangkan rasa ka hudang geter nu di sebut: Jiwa Ngaras, jiwa ngarus-ras, jiwa nga Raas, jiwa nu ngawaas. Ka jerona jiwa sangkan kahudang rasa anu Rumasa.

  • Basa seni anu didangdingkeunana, nangtu jadi basa keur pangjejer pikeun pangartian, nepikeun rasa anu éling, jamparingna.
  • Basa seni anu dihaleuangkeunana, (ku Tembangna) ébréh teges, salaku mawa "wawanti" tina sora jadi sari keur panepi, tina sora iadi sari keur panghudang rasa.
    17