Kaca:Mustika Puraga Jati Sunda.djvu/18

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mustika Puraga Jati Sunda


Sari sora nu maranti wawanti tangtuna mawa hiji wawanti,atawa wanti wanti basa amanat atawa basa talatah, anu ngajadi tali paranti geusan guareun, geusan bacaeun , sangkan jiwa tetep kahudang sari rasa na rumasa. Jiwa anu kageter jadi rasa anu: NgaRas-, NgaRaas, Ngarus-ras, jeung Ngarumasa-keun.

Leuwih teges nu pasti dina ngawanti rasa, anu nalutur dina galindengna catur, dina kecapna saur, tétés jéntré eusina ukur pitutur, geusan: "pepelingan, pepedaran, wasiatan, amanatan pikeun diri lumaku hirup, wawuh ka kujur sangkan akur geusan diri keur ngadirian nana.

Seni Buhun , salah sahiji cukang luang, anu munel pisan ku aji ning diri reujeung ajen pangaji rasa, geusan ngaguar diri anu mampu ngahudang sari na ka wening ati:

  • Geusan nembrakeun rasa karumasaan.
  • Geusan ngalayeutkeun pangdeuheusan kawasana. sarta
  • Geusan mentangkeun jamparing Dunga, PaNuhun diri; ka dirina, kaalamna, tur ka Gustina.

Sakabéhna, nyata ka Ungkara, dina kecap nu di susun jadi guguritan basa, dihaleuangkeun,di iring ku sora gending, ngajamparing melesat ka alam wening, ngajajap jiwa nu nyaring, ka jagat raya sinangling. Nya diri mirasa éling..........

Ka jembaran rasa

Kajembaran rasa mangrupakeun salah sahiji adeg pangadeg rasa, anu jadi dasar panataan hirup salaku manusa, anu kamanusaan.

18