Kaca:Mustika Puraga Jati Sunda.djvu/19

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mustika Puraga Jati Sunda


 Kajembaran rasa, mangrupakeun pondasi diri anu kukuh, anu nguatan wangunan hirup, sangkan ajeg tur pageuh, moal régrog dina nyanghareupan masalah hirup sakumaha beuratna.

 Sabab eusining sipat anu nyangking dina kajembaran rasa. Nyata mibanda sipat-sipat diantarana :

  • Nyaahan, deudeuhan, asihan, hémanan, béréhan, mujian, jeung anu nutama Hampuraan.
  • Tara: Sirik, pidik, jail, kaniaya, cegékan, cedikan, cawadan, irén pinastrén, dudupak, rurumpak, cawadan, geureuhan, teu kaopan, jeung teu payaan.

"Sing Saha anu miharep KaMulyaan, Kudu sanggup, ngajauhan Dengki"

 Mustikana ngancik jadi pamatri, dina ati anu wening, dina rasa nu rumasa, jiwa nu wiwaha, kalawan pikir anu ngarti. Teges cirina sipat anu ngajati diri.

 Kajembaran rasa tara kapolés ku rasa hayang témbong diri, lain ucap anu gelar, lain lisan anu nyora tapi témbongna jadi rasa, anu bisa dirasakeun ku rasa-rasa anu sarasa.

"KaHadean anu gelar ngan ukur lilisanan,
kahadé ngan ukur popolésan (basa - basi).
Tapi,
KaHadéan anu gelar ku laku jeung lampahna,
Nyata teges Sarining kajembaran diri anu ngajati".

 Ka jembaran Rasa, ti nangtu, bakal teges buktina, nyata aya salaku anu jadi cirina, ku kapribadianana, nyata mancerkeun cahaya budi jeung basana anu katata.

______

19