Kaca:Mustika Puraga Jati Sunda.djvu/20

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mustika Puraga Jati Sunda


Kajembaran rasa
Usik sajero ning cicing.
Obah sajeroning dada,
Usikna, maranti diri,
Obah na maranti rasa.

Nu nganteur ka lemah sungka
Nyangkaruk geusan kapuluk.
Pasir liuh peupeuntasan.
Ajrih ning rasa panggalih.

Milih rabi minda rasa
Rabi na ka sang gumati.
Rasa na sang guruh minda
Guru na weruh pituduh.
Japa na Aji ning diri..geusan midiri!
Japa naAji ning rasa....geusan mirasa !
Japa na Aji ning harti.....geusan ngarti!
Japa naAji ning kersa ...geusan ngersa !.

Nyumput buni nembrak caang,
Buni sotéh niat ati, anu suci,
Nembrak caang, ku laku lampah nu nyata.
Nu di teundeun di handeuleumkeun,

Geusan paneuleuman nana.
Nudi tunda dina Hanjuang.
Geusan diri ngadaya juang,
Nya hamo lunturku waktu,

Kapan tapak dina tindak
Kapan galur dina catur
Mun di téang tangtu panggih
Mun dipénta tangtu mikeun.

Nya hamo laas ku jaman

20