Kaca:Mustika Puraga Jati Sunda.djvu/22

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mustika Puraga Jati Sunda


 Ciri bukti, kajembaran rasa na manusa, teges mapaésan hirup, ku nebaran sinar rasa, anu ngadangiang kamulyaan sabab :

 Hirup anu ngagema keun diri, pastina, tepung jeung ka sajatian. Kudrat Pasti. Bakal apal kana Titis jeungTulisna. (Cageur).

  • Titis, anu ngajadi wujud (manusa],
  • Tulls, anu ngajadi sipat (kamanusaan),

 Hirup anu ngagema diri jeung rasa ,pastina tepung jeung ka Élingan. "kadar diri, Dihin jeung Pasti.

  • Dihin: kayakinan (hirup lain ka haying],
  • Pasti: Pasti ti anu mastikeun anu moal bisa dipungkir.

Apal kana Rasa jeung Rumasa
Rasa anu katarima,
Rumasa panarimaan.

 Hirup anu ngagema diri jeung Pikir, pastina tepung jeung kaparigelan. Geusan nanjeurkeun diri, dina nyungsi Tapak jeung lacak palakonannana. (Bener),

  • Tapak: alam nu geus di sorang,
  • Lacak: alam panyungsian pilalakoneun.

 Dina nyungsi lalakon diri geusan pilakueun, nuju lengkah ka alam anu bakal di sorang, anu ngajadi upayana, yén diri tetep nyawang alam ka tukang geusan narawang ka alam anu bakal disorang, tinangtu bakal ngahasilkeun, jalan tatapakan anu moal nyasar. Anu ngandung harti bakal salametnya diri. silokana bihari ngancik kiwari, nganjang ka alam pagéto (Supagi), pameulina nyata hirup kudu :

22