Kaca:Mustika Puraga Jati Sunda.djvu/23

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mustika Puraga Jati Sunda


Nyepi di leuwina diri.
Tapa di sagara rasa.
Geusan nga balungbung timu.
Jalan gedé sasapuan.
Tapakgeusan pangeunteungan.
Ku semu, jembarna rasa.
Galeuh bitung haté kangkung.
Hurung nangtung siang leumpang.
Pangjugjugan, alam caang poé panjang.
Nagara tunjung Sampurna.
Rampés...

 Dasar pikeun ngalalaku, pahirupan di alam hirup kumbuh, alam jagat raya (dunya), dina sorangan atawa anu kasorangan, tangtu aya nu marengan, dina masing masing alam hirupna anu miwanda ciri jeung cara anu béda. Boh ukurannana, tangtunganana, sarta pancéna, gumantung kana kudrat pastina anu geus di kersakeun jeung di karsakeun ku anu Mahana, tapi ukuran urang salaku anu di gelar dialam jagat raya ieu, miwanda titis anu ngajadi wujud, jeung tubs anu nga jadi sipat, salaku mahluk anu leuwih ti sagalana, anu kapancén pikeun milaku kamulyaan anu ka sampurnaan, sangkan wujud manusa mibanda sipat kaManusaan.

Kamanusaan

Manusa dileuwihkeun ti mahluk anu lianna, lain ngan ukur di aku leuwih dina kamulyaannana, tapi teges dileuwihkeun sotéh dina rasa tanggung jawabna salaku mahluk anu bakal jadi tunggangana mahluk-mahluk sasama hirup anu di cipta geusan campur marengan dina hirupna manusa, yén manusa téh salaku Parahu Hyang na, geusan nganteur sakumna ciptaning gusti, kuda sampurna.

23