Kaca:Mustika Puraga Jati Sunda.djvu/24

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mustika Puraga Jati Sunda


 Ngan Manusa anu disebut sampurna tur Mulya téh teges mibanda sipat kajembaran rasa. Diantarana boga ciri: Welas Asih, Undak Usuk, Tata karama, adat, jeung wiwaha Yuda Naraga.

 Jalma digelar tina pangasalan cangkang geusan Jalmaan (wadah hirup anu kosong), ngandung Harti, ngan ukur di titipan pangawasa awal anu masih suci, tacan kabangun tur tacan ka adegan. Tacan kasipatan.

 Anu nyampurnakeun pikeun adegan, sipat jeung ules watekna jalma bisa ngawujud ukur mahluk jalmaan ,anu ka wangun tur ka ules watekan ,ku sipat-sipat mahluk lianan anu ka inum tur ka dahar ku dirina, lamun teu mampu nyampurna keun nana sangkan sampurna. nu buktina mahluk jalmaan sarupa kitu, tacan pas disebut manusa, jajauheun disebut manusa anu kamanusaan, sabab sipat anu ngancik dina ules watekna saperti sipat Dengki, Sombong, Bohong. Amarah jeung sarakah, éta sipat, anu dipibanda ku ules watek sato,jeung tutuwuhan,

 Sipat Jalma sarupa kitu bisa di sebut “Wanara: teu béda jeung sipat urang leuweung, ngumbar nafsu, ngumbar amarah, licik, téga, tur sarakah.

 Dina nata diri, dina nata rasa, jeung dina nata kahirupan samar, bener, jeung hadé ukur pupulasan, nyata ucap anu teu nyata, lampah teu bukti, ku alatan sinar haté ngan ukur kabébénjokeun ku kahirupan anu dasarna, Dunya jadi udagan.

 Dunya, ngawatek, poho ka diri, poho kana rasa, jeung poho kana jiwa. Sabab dunya atawa kadunyaan mah, watek anu kuat, ngan ukur gambaran kahayang leuwih, bari kapuasan moal ka panggih. Iwal ti ku Manusa anu daék Tumarima.

24