Kaca:Mustika Puraga Jati Sunda.djvu/25

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mustika Puraga Jati Sunda


 Jalma anu di gelarkeun dina alam kadunyaan, leuwih kuat hawa dunya, tibatan jalma anu di gelarkeun dina alam Manusa.

 Teges lamun manusa, anu di gelarkeun di alam kamanusaan, tinangtu, leuwih kuat ujian jeung cobaan hirup, geusan kasampurnaan, keur nga hontal kaMulyaan.

 Sipat Jalma anu nitis manitis Manusa, anu kasipatan, kamanusaan, bakal teges, dina lakuning diri jeung ules watekna ,mibanda tujuan hayang nyampurnakeun hirup anu ngarumasakeun yén hirup dipentés pancén, yén hirup boga hak jeung kawajiban, tur yén hirup téh, aya anu campur dina dirina, anu kudu disampurna keun, pikeun kamulyaan dina lajuning laku anu bakal di sorangna.

 Manusa anu kamanusaan teges jalmaan anu kapilih salaku palakon hirup anu geus jadi titis tubs na. Kudrat pasti ti anu Ma-HaNa, sabab iwal ti manusa anu bakal mampu ngalaksana pancén pikeun ngurus jeung ngatur ,atawa ngarawat alam salaku titipan, ogé salaku sasama hirup anu di cipta,

 Manusa sampurna, campurna gumulung, geusan ngajadi tangtung salaku mahluk anu linuhung, anu ka Gungan ku kersaning anu maha AGung, anu maha kersa jeung karsa, "Gusti anu maha kawasa".

 Sipat Jalma anu ka, manusaan disebut na; Cai Ahung (CiHung atawa Ciung] hartina hirup anu di karsa, rumasa yén hirup nyata papancén ti anu kawasa. ku nu MaHa linuhung.

"Paralun, mung ukurgagambaran, tur sisigaan, tebih ka-nu sa-enyana, yen dua sifat anu ngajadi ules watekna jalmaan

25