Kaca:Mustika Puraga Jati Sunda.djvu/26

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mustika Puraga Jati Sunda


anu di simbulkeun tadi, bias ngabedakeun diri anu kasipatan mana anu ngancik nyarungsum dina puraga jati ning diri

 Pikeun ngalarapkeun naon anu jadi udagan pancénna hirup, anu ngarana Manusa, tangtu keuna ku dihin (kayakinan] jeung tangtu (dasar), aturan hirup anu nuju kana lalakon anu saenyana.

Ageman Kamanusaan

Tinangtu patokan jeung ukuranana aya dasar agemannana, nu disebut Ageman KaManusaan.

 Ageman. asal kecap tina "Gama, (Gema atawa Gema, Na), nu disebut Sa-Wa-Ra, Sinar Wasa Na", anu ngajadi cahaya diri, anu dihin ku pastina, anu teu bisa robah, dina katangtuan aturan gerak jeung gerik manusa. Nyangking aturan jeung tata cara dasar ku élmu jeung weruh.

Gerak nyatana hirup nu ngusikeun.

"Ka mi, Ka ma, Nu Sa"

Kamanusaan mangrupakeun elmu panemu pikeun ngalokat diri sangkan apal ka :

  1. Diri Na: mahluk anu di cipta ku kersa jeung karsa sang Hyang Maha Cipta......di sebut .hing "Sun Na.
  2. KaLam Na: mahluk anu di gelar di alam na geusan ngalalaku tulisan hirup jeung dihinna hing "Sun Da - Na.
  3. DaRah Na: mahluk anu marengan campur jeung nyampur marengan hirup anu ngahuripan nana hing "Sun Ha - Na.

Manusa Gelar ku tilu Tangtu,

26