Kaca:Mustika Puraga Jati Sunda.djvu/27

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mustika Puraga Jati Sunda


  1. Ka mi: Asih na Gusti anu nga jati Ruh Hyang, atawa Ruh Suci.
  2. Kama: Asahna Bapa, jeung asuhna Indung (Gumulung), nu ngajati panitisan wujud atawa RahMani, jeung nu ngajadi panétésan Ules watek (Sipat rasa) RaHim.
  3. Nusa: wangina sari ning Nagari.

Kami:

Sipat mahluk anu "T u h u” kana hirup, anu ngalaksana pancén titis tulis, ti anu ngersakeun nana anu ngancik di sang kuringna, sajatining wasa-wasa Na.

 Hirup ku usikna, hurip ku obahna, sagalana kersaning anu kagungan wasa. Ingsun darma lakoni, Geus ti nu Murba hing wisesa. TuHu, ka anu nyiptakeunana, "Gusti Pa Ngasih”, Katuhanan.

Ka-Ma:

Sipat mahluk anu "TuMut" ka anu jadi cukang lantaran, ngagelarkeun ka alam dunya :

  • Indung anu ngandung, Tungulna Rahayu, salaku ("Ambu PaNgasuh").
  • Bapa anu Nga Yuga, tangkalna darajat salaku ("Bapa PaNgasah").

Indung jeung Bapa:

Cukang lantaran anu nebarkeun binih bibit awit pangawitan (PaWit).

  • Wit = Sir.
    27