Kaca:Mustika Puraga Jati Sunda.djvu/28

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mustika Puraga Jati Sunda

  • Pa Wit = gumulungna Sir anu Nga Jadi.
  • PaNgaWitan = Tempat ruang waktu, pangancikan hirup awal (Lamut Kasih Indung, nu di sebut alam Kandung Indung). Basa Simbulna, di sebut Palawangan atawa Gowa Palbuan, atawa Guha Pawon.

 Indung jeung Bapa, salaku Karang Pawitan,anu ngajadi cukang Lantaran gelarna Tuturus anu bakal nga jadi "SaWa, SiWi, anu jadi Seuweu Siliwangi, hasil tina Sili, Wangina kanyaah bapa, tur wangina ka asihna Indung, Salaku Tingkeban ParaHu. Atawa SasakaNa. Tuturus anu disebut anak = "SaWa SiWi salaku Kado emasna, atawa PusakaNa. (KaWaHa Domas).
 Kawah Domas, salaku Tungkeban Para Hu Hyang, anu jadi Bibit awit di Palembangan, geusan Pamedalan salaku mahluk anu ngajadi pibakaleun, gumantung kana patalian, anu nyipatan terah jeung Darah na, dina Jangji awal (PaTaKa), mangkana saupama mahluk anu di gelarkeun jadi Jalmaan, ti luluhurna, lamun teges Sampurna dina Kamanu-saannana, mangka hing geusan kudu nyahayakeun Mahluk jadi Jalmaan anu ka Manusaan, aya dina patalekan para Guru Hyang, anu ngabédakeun ti mahluk anu liana, atawa NgaHing Sun Medang KaHuripan.
 Bapa. Anu nuruskeun Terah, teges Kapapancén geusan ngajayak tuturus dina ngolah hirup, nurunkeun élmu pangaaji Panalar diri, pikeun darajatna, (Komarana).
 Indung anu nuruskeun Darah, teges kapapancén geusan ngaasuh tuturus dina ngalarapkeun elmu pangaji Pangulas rasa pikeun Martabatna, (Wibawana).

Indung jeung Bapa salaku SasakaNa,

Tuturus salaku Pusakana Indung Bapa

28