Kaca:Mustika Puraga Jati Sunda.djvu/29

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mustika Puraga Jati Sunda


N u - s a :

(Sari Pati Alam) = Ku Dat na, Anu ngajadi cahaya. Cahaya rupa, cahaya daya, cahaya rasa, tina sari patina, paHirupan, anu nyampur ngawaruga (Bugang), dina kahirupan anu ngahuripkeunana.

 Alam kahirupan jeung Kahuripan, pikeun nyampurnakeun sakumna mahluk anu kumelit di alamna, nyampurnana, ku alatan "NuSa" ,jadi bahan pikeun pahirupan, kahirupan, tur pahuripan jeung kahuripan.

 Gumulungna Sari pati alam, dina sawarugana mahluk, mampu medarkeun hiji sipat, atawa ngajadi ules watek anu nganteur laku jeung lampah na atawa adat jeung kabiasaanana. Contona sipat Sasatoan, gurat badagna, nimbulkeun pasipatan diantarana:

  1. Sipat Nafsu birahi,
  2. Sipat Nafsu Sarakah,
  3. Sipat Nafsu Amarah,
  4. Sipat Nafsu Ngawasa, jeung réa-réa deui.

 Sipat Tutuwuhan, gurat badagna pasiatan, diantarana:

  1. Lungguh,
  2. teguh,
  3. ngasuh,
  4. angkuh.

 Ules watek sasatoan jeung tutuwuhan, ogé kageteran ku sipat pangasalan hirup, sari patina, sipat Bumi, sipat Seuneu, sipat Cai jeung Sipat Angin. Diantarana:

29