Kaca:Mustika Puraga Jati Sunda.djvu/30

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mustika Puraga Jati Sunda


  • Sipat Bumi: Sabar, subur, sebar, nyurup Nga-adegan.
  • Sipat Seuneu: Panas, caang, niyurup Nga-Sinaran.
  • Sipat Cai: Hirup, hurip kahirupan. nyurup Nga Huripan
  • Sipat angin: seger, dalingding. Hawa, nyurupna NgaHawaan

Gema atawa Gemana

Hirup anu Ngagema katuhanan, Teges laku ning diri dina hirupna mibanda rasa karumasaan kana karsa jeung kersa Gusti anu Maha Kawasa (kaluhungan).

 Hirup anu ngagema kamanusaan, teges lakuning hirupna mampu ngalaksana sipat anu nga wanda darajat na Bangsa (Komara).

 Hirup anu nga gema Kabangsaan,teges lakuning hirup, mampu ngalaksana sipat anu mi banda daya cipta karya jeung karsa geusan mibanda (Wiwaha), Atawa mibanda ajén pangajén diri, ajén ka sasama hirup anu, surti kana hak hirupna alam anu lian, anu ka RahHayatan.

 Hirup anu ngagema keun tilu tangtu dasar pakeman hirup:

"KaTuhanan, kamanusaan tur kabangsaan, anu kaRohHayatan, dihin jeung pastina diri, dina nga asuh hirupna, bakal mampu nataran jeung nuturan Rah jeung hayatna keur ngajagangan carita anu dilalakonkeun di alamna ku sipat KaAdilan".

 Hirup anu mibanda sipat ka adilan, ta ngtu lakuning hirup anu nungku, pinuh ku kajembaran rasa jeung rumasa diri.

 Dina ules watek anu jadi lakuning kaAdilan dirina, nyata ngawujud jadi "CahayaNa (Nur), atawa Wujud anu:

30