Kaca:Mustika Puraga Jati Sunda.djvu/32

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mustika Puraga Jati Sunda


  • Diri Ngarumat ngaramat ka Budaya.
  • Diri Ngawangi keun Nusa sari Nagari. (turunan).

 Wawuh ka Diri (wawuh ka kujur), Luyu kana ajén Sari ning Sunda pikeun Manusa Sunda Geusan Nyunda di alam Panyundaan ieu, milarapna, ku ules watek sipat tur paripolah, anu natrat teges geusan:

SUNDA

Sunda anu jadi tutur dina Panglokatan Panyundaannana, geusan pangadeg na anu teges, pikeun Jelma, (Jalmaan), sangkan jadi "Manusa".

Diri Na (IngSun Na]

Diri, sangkéhan tina kecap awal Da jeung Ra.

  • ”Da”, ngandung harti buana (Alam],
  • ”Ra”, cahaya, Sinar, ules watek, atawa saNur nu di kawasaan.
  • ”Na”, Anu kagungan karsa jeung kersa, anu "teu wujud, teu ngaran, teu ngarupa.

Tunggal dina tunggul.
Manunggal sarta manunggul.
Ngancik sajeroning ancak.
Usik sajero ning cicing.
Obah sajero ning rasa.
Nu asal ngahirupan usik.
Nu asal ngahirupan rasa.
Nu Maha Agung (AHung).
Dat asal, pa asalan.
Pangasalan, Pangawitan (Wiwitan).
Anu jadi bibit kawit anu nga Wit, (KaAWitan).
Tampa wates ku ambahan.
Tampa wangen ku pedaran.

32