Kaca:Mustika Puraga Jati Sunda.djvu/33

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mustika Puraga Jati Sunda


Tampa mampu di basakeun.
Geusan medal babasaan.
Tina basa ku wasana.
Unggeukna : "Anu Maha Sagalana"..Pun !.

Tegesna anu disebut Diri, cahaya alamna salaku
Pancer Silah, atawasipat tina kawujudan.

KaLam Na, atawa alamna (Da - Na),

  • Ka = pangancikan,
  • La = pahirupan,
  • Ma = Pajatian.

Tegesna alam sorangeun, anu bakal di sorang, tur sorangeunana pikeun panyoranganana disebut lalakon titis tubs (Sorangan 'Na).

SaSaMa Na (Sa Ha - Na). Sasamana = anu marengan tina :

  • Hirup = usik jeung obahna pangawasaNa.
  • Hurip = nu di usikeun jeung nu di obahkeun pangadayaNa.

Nyata anu nga Hana (Aya hirup kersana],dina sajeroning usik, jeung obahna, tur saluareun, rupa jeung wujud Na.

MANUSA

Jatining Gumulung Campur anu bareng, Parahu panganteur ka sampurnaan anu campur, geusan "Nyorang" ka Alam Caang, poé Panjang, Jalan gedé Sasapukan, Nuju ka NaGaRa Pangkonan Gusti, Nagara Tunjung Sampurna, SaWaruga, SaWara Jati:

 Sunda, ngandung harti tatanan pari polah hirup, anu Dihin ku Tangtu carana, Papastén ku Pasti dina cirina, pikeun ngawujudkeun, ngabuk-tikeun, yén mahluk anu gumelar di ieu alam jagat buana pancer tengah. Teges:

33