Kaca:Mustika Puraga Jati Sunda.djvu/37

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mustika Puraga Jati Sunda

jiwa geusan nga basa usik rasa.
6. Daya Wasa anu nyangking dina waruga geusan ngabasakeun usik raga.
7. Asma Wasa anu nga wasta (nga-ra-na), warugana
8. Sukma Ruh hirup anu ngusikeun, alam pikir (akal)
9. lelembutan. Ruh hirup, nu ngusikeun alam sadar.

 Nyusun Basa anu kudu dibasa keun. jeung Wasa anu kudu diwasakeun, Maca keun lalakon, salila léngkah ngasuh hirup, ti awal gelar ka alam na, nepi ka ahir hayat na, geusan, masrahkeun ka anu ngagelarkeunana, asal gelar dina ka aya an suci, mulang kudu suci, malah ngantun gé kudu ninggalkeun kalam anu suci, geusan nitiskeun tur nétéskeun ka anu di kantun, nyata tuturunan.
Sunda, asal kecap awal tina:
Sun = Ku Réhing, atawa mahluk cipta ning. Kuring Na, anu mibanda:

  • Cahaya
  • Jati
  • Wasa

Da = sang Kurung (Ku Ruhung), (anu di barengan), nyatana kurung, Na,

  • Kurung Na.
  • Waruga Na.
  • Wujud Na (anu kawasa an).

Na = nu hirup, (nu ngusik keun, nu ngobahkeun, nu ngarasa keun, nu nganyaho keun, jeung anu ngahartikeun.

37