Kaca:Mustika Puraga Jati Sunda.djvu/38

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mustika Puraga Jati Sunda


 Sun, atawa SunNa, ngandung harti mahluk nu dicipta.

 SunDa, atawa Sun Daha =mahluk anu di cipta dipagelaran (alam hirup,na),nu di sebut DaNya atawa DunyaNa, (Ingsun Medal).

Ingsun medal tandang nyangking ka Hyangan
Ingsun medal tandang nyandang ka Hayang.
Ingsun medal tandang ku Dia Hyang.
Ingsun medal tandang nyangkuring Caang
(Sang Kuring, sang Hyang, ka barangan ka beurangan).

 Sunda, bisa ngandung harti, tataran alam jagat buwana anu geus dihin ku pasti, pikeun tatapakan ngalalakon, mahluk anu di cipta, geusan ngalalaku alam hirup lalakonan, dina patapakan,anu ngeunaan kana pangalaman, nu di alaman, sangkan ngajadi alamna, tur nga jadi kalamna, patangtu an Titis Tulis na. Hasil dina panyorangan, ku sorangan, nu ka sorangan tur keur sora ngana.

 Sorangana pituturna, nya anu Maha, nu nga wasa keun. Nyorangana ngalisanna, nyata ingsun anu ngumaha, anu nga basa keun:

  • Sora geusan jadi ucap, Nyora geusan jadi lampah..
  • Kedal ucap, ku basa na.
  • Medal lampah, ku wasa na.

Ucap sora: Nga Ungkara jadi lisan jeung haksara.

  • Ucap: Pangawasa sora mahluk, pikeun nepikeun kereteg anu jadi panganteur maksud jeung kahayang, nu mangrupakeun sorana eng, ngang.
  • Sora: anu negeskeun ciri-ciri sawara na mahluk.
    38