Kaca:Mustika Puraga Jati Sunda.djvu/39

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mustika Puraga Jati Sunda


  • Sora anu jadi ucap disebut : Kecap, ngan aya di Manusa.
  • Kecap: kedal lisan, anu nga ungkara nepikeun maksud.

Basa

  • Basa sora: runtuyan kecap anu nga ungkara mangrupa kalimat (nyawara), Paparan keur nepikeun maksud.
  • Basa rasa: paparan nepikeun maksud tina gambaran anu nga ungkara kaayaan haté, ébréhna aya dina gurat Raray, (beungeut, rupa, pameunteu), Raray: Cahaya anu nga ungkara kaayaan haté.
  • Basa Awak: paparan pikeun nepikeun pamaksudan ucapan, anu di lisankeun ku usikna awak, angonan badan.
  • Basa Haksara: paparan pikeun nepikeun pamaksudan nga ungkara ucapan ku mangrupakeun simbul tulisan (Haksara Hurup jeung haksara Angka).
  • Basa Badaya: Paparan pikeun nepikeun pamaksudan dina ngaebrehkeun gerentes hate, pikeun ngaungkara gambaran ka hirupan, anu di tepikeun ku mangrupa hasil karya seni.

 Lampah nga ugara jadi tulisan, salaku tutur jeung laku pikeun panga aji ka diri (pangajén diri), panga harti (pangarti).

AHUNG SWASTIASTU
PURANA KARSA
Sampurna di wasana anu maha.

PURAGA KERSA

39