Kaca:Mustika Puraga Jati Sunda.djvu/41

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mustika Puraga Jati Sunda


  • Ru=nyahayana,
  • Ma= jati ning suci kuringna,
Ra=cahya Sa=teges, keun

Wanda jeung Banda

 Salaku mahluk anu miwanda wujud jeung rupa anu ka Wastaan, nata tapakna, teu saru, antara pangakuan jeung Palakuannana.

 Titis: ngandung harti, rupa atawa wujud disebut (ngawanda). Tulis,ngandung makna, nu negesan tabeat atawa sipat, di sebut (ngabanda).

 Contona, lamun mahluk ngaWanda Sato, tangtuna ogé, pasti wiBanda sipat, kasatoan. Lamun mahluk ngaWanda Manusa, tangtuna ogé pasti miBanda sipat kamanusaan.

 Wanda jeung banda, teu misah, tampa diantaraan ku wates jeung ruang pamisah, dii sebutna (Gumulung), Wanda gelarna Ules watek (Sipat), Banda (Pakaya WasaNa), Upamana, Gula jeung amisna, Uyah jeung asinna, seuneu jeung panasna, panon jeung tingalna, jeung réa-réa deui conto anu liannaa nu sarua. Tapi anu beda ngan kadar jeung pastina, gumantung: paragina, gunana, katangtuanana jeung ngamangpaatkeunana,

Kanda jeung Kara

 Aya Wanda, aya Banda, tangtu bakal jadi Kanda atawa kara.

  • Kanda, lalakon hirup ngangking ka hadéan sakumaha kudrat pasti ku alamna (bukti wujud nyata).
  • Kara, lalakon hirup nyangking kahadéan kugambaran alamna (panyamaran antara bener jeung salahna).
    41