Kaca:Mustika Puraga Jati Sunda.djvu/42

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mustika Puraga Jati Sunda


 Kanda : tatapakan awal jeung ahirna ciciptan, anu gelar di alam tempatna, dina titis tulis ku pastina, datang jeung mulangna di pagelaran ka pangbalikanana, tinangtu ka asal wiwitanana, nu disebut

“Mulih ka Jati ning Suci, Mulang ka jagat ning asalna, ka alam caang, poe padang, tara bangsa, nagara tunjung sampurna” (Pang Lokatan).

 Kara: tatapakan léléngkahan awal jeung ahirna hiji lalakon, di sarungkeun ku panyamaran jeung gambaran ,keur nangtu keun hiji kahayang, ku katangtuan: Bener jeung salah, kudu jeung ulah, karma jeung pala, pang bibita jeung panyingsieunan, anu jadi aturan atawa:

 Dogma: hasil buah pamikiran anu bisa jadi, Aturan nu lahirna, ku panyarungsuman antara akal nyambung jeung nafsu, anu di sebut "KaRa. (olah pikir nu hirup), atawana aturan nu gelarna muraga jati, tepungna antara akal jeung rasa. (Pangabaran) nu di sebut "Kanda.

 Kara: nyandang pangaraksa nu Murwa daksi ing pasti.

 Kanda: nyangking kersa hyang Maha Murba hing Wisesa, Tanpa rupa, tanpa sora tanpa warna,, tanpa:

 Panegesan di luhur, mangrupakeun katangtuan keur anu NgaMaHa, kanu kaGungan Ma-Ha. Sangkan nuju kana hiji bener, ku rupaning wujud bebeneran, geusan tepung jeung tujuan bener anu hiji. ”Anu sa enya-enyana bener” (Aya Bukti anu Kanyataan).

 Satiap wujud, tangtu ngaWanda rupa dibéré ngaran atawa (Wasta), tur mibanda Ules watek (sipat).

Teges jadi ciri anu ngabédakeun antara mahluk hiji, jeung mahluk anu liana, saperti:

 Wujud anu di wasta (ngaran), mi Wanda (rupa) Jeung miBanda (Sipat), mangrupakeun karsa jeung karsa,

42