Mustika Puraga Jati Sunda
ti Kudrat PastiNa. geus ngajadi “Titis Tulis, jeung Tulisannana, dina Kalam Sorang-sorangna, saperti:
Wastana, sato, tuwuh (tangkal), seuneu, cai, angin, taneuh, jelema, jeung réa réa deui mahluk anu liana, pada- pada nga bangsa an séwang séwang (titisan).
Ka sipatan ku carana hirup séwang-séwang, anu geus di tangtuan ku kapastian (tulisan) anu jadi laku jadi lampah pari polah kabiasaanana. Tapi anu di sebut alam hirup jeung pahirupan, tinangtu mampu ngahirupan sipat ka mahluk anu merlukeun kabutuhan, keur nyumponan kabutuhan jasadna (parab Jasad), bias mangaruhan sipat anu ka parabannana.
Tapi lamun Jalmaan Mahluk anu jadi wadah sipat, salaku Manusa anu kamanusaan, tinangtu bakal mampu nyampurnakeun tur ngimbangan sagalana sangkan katutur ku sipat anu jadi ka hadéan.
“Hadé tapi Kahadé”
Hirup geus ti di tuna.
Bongan tuna sagalana
Hirup nu ku kersana
Keurnusana
Hirup nu ku karsana
Keur nu karasana
Nu sasawa, nu sahudara
Nu sada, nu sadara
Nuhu, nu tuhu
Ku Dia Hyang, hirup geus ti di tuna, asal tuna sagalana, ka usikan, ka obahan, ka wasaan tur ka basaan, (Hirup lain ka hayang, tapi ka hyangan, ku pasti Na (kersa Abdi, karsa Gusti).