Kaca:Mustika Puraga Jati Sunda.djvu/44

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mustika Puraga Jati Sunda


PARIGEUING GEUSAN NYUNDA

Pari geuing, mangrupakeun pitutur pikeun milaku sipat anu Nyunda, keur ngayoman, cirri dina diri, tur cara anu nyoko dina Uga, malar pi bahaneun, bekel hirup di alam jeung papadana, luyu kana tujuan hirup anu sategesna nyatana Nyicipta Kamardhi ikaan (Merdéka).

 Panegesan kaluhungan élmuning Sunda geus teu ka ukur ku catur, atawana katalar ku baca, tapi ébréh teges dina pari polahna jadi pangakuan dina lalakuan, sabab tangtuna ogé sagala anu dirasa, anu karasa, tur hasil dina pangarasaan, ngajadikeun hiji ajén dina nyumponan pancén pikeun tumarima iwal ti ku medalkeun rasa, ku karumasaan.

 Ayana rasa, rumasa jeung tumarimana manusa dina élmu kamanusaan tinangtu bakal nga wujudkeun hiji Bangsa anu kabangsaan, anu geus di tangtukeun ku Sang Hyang Maha Kersa ( Gusti anu Maha tunggal], anu geus jadi hiji papakon patakonan, ti sang Hyang Luluhur Sunda, anu negeskeun :

“Nu kangken bijil ti Nirmala ning lemah. (rasa rumasa) ngarana inget disanghyang siksa. (tumarima) mikukuh talatah ambu, bapa, aki lan buyut, nyaho disiksaan maha pandita mageuhkeun ujarning kerta”.

 Éta diluhur negesan talatahna aturan-aturan hokum dumasar kana “Cipta, Karsa jeung Kudrat”, tegesna yén Manusa Sunda :

  • Ulah mopohokeun ka anu nyipta (Tuhu ka Kersana anu disebut KaTuhannan).
  • Ulah Nyapirakeun kana talatah tur piwejang para karuhun. (Tumut ka Luluhur).
    44