Kaca:Mustika Puraga Jati Sunda.djvu/45

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mustika Puraga Jati Sunda


  • Ulah ngaliankeun ka sasama ciptaning Gusti, ajén ka lemah caina. Anu jadi pangasalan sarining patina anu marengan.

Sangkan pinanggih jeung
Kawaluyaan, karaharjaan, tur kamulyaanana,
Mulus Rahayu berkah salamet,
Cageur,
Bageur tur Bener,
Mulus lalakon jasadna,
Rahayu lalakon gawena,
Berkah ku nilikna,
Salamet lalakon juangna,
Cageur Awakna,
Bageur Kalakuanana.
Tur, Bener Élmuna.

 Dina Papakon diluhur, tinangtu anu utamana, geusan ngawasakeun jasad sadiri, salaku kawasa Gusti anu maha Tunggal, sa muduna di jaga di jaring, dina ujaring talatah luluhur anu di sebut “Dasa Kerta.

Dasa kerta “Pamali”

  1. Ceuli ulah rék ngadéngé, anu lain déngéeunnana. Sabab bakal jadi mamala.
  2. Panon ulah sa ténjo-ténjona , lamun anu teu pantes ténjoeunana.
  3. Kulit ulahnepi ka samara rasa samar polah, alatan karo béda ku pangaruk panas jeung tiisna.
  4. Létah ulah salah dina mi guna rasa jeung ngarasakeunana.
  5. Irung ulah sa ambeu-ambeuna mun lain ambeukeuneunnana.
  6. Sungut ulah rék sambarangan ucap lamun lain ucapeunnana.
    45