Kaca:Mustika Puraga Jati Sunda.djvu/46

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mustika Puraga Jati Sunda


  1. Leungeun ulah sa cokot-cokotna,lamun lain cokoteunnana.
  2. Suku ulah dapon ngaléngkah lamun lai tincakeunnana.
  3. Tumbung ulah dipaké nu lain muduna, utamana dina dina harti hubungan badan.
  4. Baga purusa ulah dipaké nyacapkeun silih pika asih, jeung nu lain hakna.

Dasa Prabakti. Tatakrama.

Nata dina bagbagan anu dipaké pikeun hirup kumbuh jeung papada, dumasar dina ayana Tatakrama, anu jadi salahsa hiji cara jeung ciri anu mudu kapibanda ku manusa Sunda saperti:

  1. Budak Tumut ka Indung Bapa.
  2. Pamajikan satia tuhu ka salaki, salaki satia tuhu ka pamajikan.
  3. Siswa Tuhu ka guruna.
  4. Patani tuhu ka Wado.
  5. Wado tuhu ka Mantri jeung sajabana.

Dumasar kana ayana Undak usuk dina susunan kulawarga atawa dina patarema pancén pikeun nyumponan harti tunduk atawa tumut anu jadi pa Tuhuan, kana tangtuan hokum jahirupan salaku manusa tunduk ka Hyang (nu maha kersa).

Dasa Prasanta:

Nya éta sapuluh cara pikeun panggih jeung katingtriman haté, anu kudu dipilampah. Ku singsaha anu keur ngalaju ning laku dina pahirupanana, saperti:

1. Guna (wijaksana).

46