Kaca:Mustika Puraga Jati Sunda.djvu/47

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mustika Puraga Jati Sunda


2. Rama (ramah).

3. Hook (deudeuh).

4. Pésok (kataji).

5. Asih (héman).

6. Karunya (mikawelas).

7. Mukpruk (muji).

8. Ngulas (niténan hasil gawé).

9. Nyecep (ningtriman haté).

10. Ngala angen (ngagumbirakeun).

 Tegesna dadaran anu diluhur, mangrupakeun anu katimu, ku manusa Sunda, dina ngolah tapak dasar hirup anu sategesna geusan nyubadanan tujuan ngamulyakeun ka sampurnaan hirup, di dasaran ku budi basa anu merenah katarima ku anu lian, matarémakeun rasa kasugemaan keur haté nu lian

 Jembarna Manusa, nyaeta. Anu bisa mere kasugemaan, ka genahan ka na haté papadana:

Nulling ka anu keur butuh.
Nalang ka anu keursusah.
Nganteur ka anu keur keueung.
Nyaangan ka anu keur poékeun.

 Pari geuing au nyangking dina eusining Dasa Prasanta, teges némbongkeun atawa nyicirénkeun kaluhungannana jeung kalantipan budi manusa Sunda bihari, dina nata ngawangun ka sajatian ules watek budi daya dina sagala widang saperti:

  1. Nata ngawangun Rasa jeung rumasa. (kaTuhanan),
  2. Nata ngawangun Jiwa (kapribadian, kaManusaan).
  3. Nata ngawangun Pribadi. (kaBangsaan),

47