Kaca:Mustika Puraga Jati Sunda.djvu/7

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mustika Puraga Jati Sunda


Jisim kuring sadayana.
Neda bagja, neda hidayah, neda mangpaat.
Neda maunat, neda caang. Neda padang, narawangan.
Neda salamet, neda barokah..
Kum teu badé di wiji-wiji.
Dunga-na para kasepuhan sadayana.
Anu masih kénéh gelar di alam hirup.
Kikisik lambak sagara.
Ulah ungut ka linduhan.
Utah gedag ka anginan.
Di siuk ku ibu, di bauran.
Di cokot nya di embohan.
Nya di bawa, di tambahan.
Si nyimas nama ning sari.
Geura tah mayang larangan.
Geura hudang,geura tanghi.
Di hudangkeun kunu lenjang
Di tanghikeun kunu geulis.

Cag.........Rampés.

7