Kaca:Mustika Puraga Jati Sunda.djvu/8

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mustika Puraga Jati Sunda


BUBUKA CATUR

Tabé, pun.

 Amit sejaning unjuk uninga, réhing dumasar kana rasa syukur "Nuhun” ka Nu Ngersakeun, Anu Maha Agung, jisim kuring seja ngadugikeun gerentesna kereteg, anu mangrupi karyana rasa, kersaning anu ngawasakeun, hasil tina teuteuleuman, guguaran, kokoréh, tur mulung pulung ti anu ngalangkung dina jajantung, galuh agung, manawi bahan katampi, kalayan aya guna katut mangpaatna kanggo urang sadaya, malar geusan jadi panungtun tur pangjejer dina nutur lumakuna léléngkahan hirup, sasieureun sabeunyeureun, kasanggakeun.

 Tawis rasa anu dumasar kana, rasa "nyaah ka sasama, béla ka bangsa, bakti ka lemah cai, ngarawat tur ngarumat budaya, sarta niat ngawangian ka sarining lemah cai", malar jadi sambung léngkah, sambung lémék, sambung rasa, keur nyambungkeun uga, tangtuna ogé ti anu kantos aya ti heubeulna, ti biharina, sugan ngancik di kiwari geusan ngambah ka supagi. Buhun ngajadi bahan, biheunna, sara ngajadi sari keur pangaji.

 Amit, tabé pun, hampura ingsun, anu diguar saukur gambar, anu dipedar saukur nalar, piolaheun dina polah, pilakueun dina lampah, malar katimu rupaning mustika hirup, anu ngancik dina rasa anu katitipan, naon rupa nu jadi wujud tulisan, muga larap jadi tutur, jadi lisan, pijalaneun tatapakan dina aweuhan jalan anu kacida lamparna, nangtu dina kacindekan Galur.

 Sugrining galeuh kadeudeuh, sugrining galih ka asih, tansah mugia, marganing galuh pangasuh. Tandes,

8