Kaca:Mustika Puraga Jati Sunda.djvu/9

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mustika Puraga Jati Sunda


jadi élmu katut pangaweruh. Geusan pituduh jalan anu lempeng.

 Amit, sanés badé ngalalangkungan, sanes badé nyanyahoanan, sanés badé mayunan anu ti heula, sanés badé ninggalkeun anu pandeuri. leu mah mung mugia pareng:

Nu jauh urang deukeutkeun.
Geus deukeut urang layeutkeun.
Geus layeut urang paheutkeun.
Geus paheut urang pageuhkeun,

Geus pageuh urang wangikeun.
Nu kungsi dihandeuleumkeun.
Nu kungsi dihanjuangkeun.
Urang cokotgeusan teuleum.

Urang téang geusan midang.
Nya midang, di banjar karang.

Lebak panitisan bentang.
Nya bentang ti para Hyang.

Nu murba di alam padang.
Sapasini, saparanti,
Sa jalan, sareureujeungan,
Sareundeuk, saigel, sabobo, sapihanéan,

Ka cai jadi saleuwi,
Ka darat jadi salogak,
Malar hirup runtut raut sauyunan,
Pataréma rasa.

Geusan nyukcruk uga ti para luluhur,
Mapay tapak ti para Sanghyang Pudak,

9