Kaca:Pĕrdjangdjian anjar.pdf/1364

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
1350
WAHJOE 22.
  1. roepana. 'Ari paděmen koeta nagara teh dialoes-aloes koe intěn warna-warna. Paděmen noe hidji l jaspis,noe kadoewa nilēm, noe katiloe kalsědon, noe kaopat
  2. djamroet, 'noe kalima angkik, noe kagěněp jakoet, noe katoedjoeh krisolit, noe kadalapan beril, noe kasalapan ratna tjampaka, noe kasapoeloeh krisopras, noe kasawělas hijakin, noe kadoewa-
  3. wělas koetjoeboeng. 'Ari eta doewa wělas lawang teja nja doewa wělas moetijara, hidji lawang hidji moetijara; sarta loeloeroeng nagara tehēmas doekět, roepana djiga gědah herang ngaleng-
  4. gang. 'Djeung kaoela teu nendjo kabah di djěro eta nagara; karana noe djadi kabahna teh nja Pangeran, Allah noe langkoeng kawasa, kitoedeui Dombateja.
  5. 'Djeung m eta nagara teu pisan koedoe ditjaängan koe panon-poë sarta koe boelan; karana ditjaängan koe kamoeljaän Allah, sarta Domba noe djadi damarna.
  6. 'Ari n bangsa-bangsa noe meunang ka salamětan bakal pada loemampah dina tjaäng eta nagara, djeung sakabeh radja di boemi pada mawa kamoeljaän djeung
  7. kahormatan dirina ka dinja. 'Ari lawangna o moal dipeundeut-peundeutkeun ti beurang; karana di dinja teh
  8. euweuh peuting. 'Sarta p kamoeljaän djeung kahormatan bangsa-bangsa bakal
  9. dibarawa ka dinja. 'Djeung eta nagara teh q moal diasoepan anoe sipat nadjis, kitoe deui noe migawe lampah kageuleuhan sarta bohong; ngan woengkoel r anoe disěratkeun dina kitab kahiroepan kagoengan Domba.
    a p. 15:1. b p. 19:7. c p. 17:3. d Joh. 40:2. e p. 21:2. f p. 21:23. g Jěh. 48:31. h Ibr. 11:10. i Mat. 10:2-4. j Jěh. 40:3; p. 11:1. k Jěh. 48:16. l 2 Moesa 28:17—20. m Jěs. 24:23; 60:19, 20; Djak. 14:7; p. 22:5. n Jěs. 60:3. o Jěs. 60:11, 20; p. 22:5. p Jés. 60:5, 6. q Jés. 52:1; 60:21. r p. 18:8.

PASAL 22.

Geus kitoe malaikat teh noedoehkeun ka kaoela a hidji waloengan tjai kahiroepan, herang saperti karistal; ari bidjilna tina b panglinggihan Allah djeung
  1. Domba. 'Ari di tengah c loeloeroeng eta nagara, sarta d di sisi eta waloengan, sabeulah ti dijeu djeung sabeulah ti ditoe, aja e tangkal kahiroepan, boewahna doewa welas, ari boewahanana saban boelan; sarta daoen tangkal teh baris
  2. ngawaloejakeun oerang kapir. 'Djeung f moal aja deui sapaeun; sarta panglinggihan Allah djeung Domba aja di dinja, sarta abdina bakal pada ngabakti
  3. ka andjeunna, 'djeung g bakal narendjo ka pameunteuna, sarta h padjěněngan
  4. andjeunna aja dina tarangna. 'Djeung di dinja i moal aja peuting, sarta teu pisan koedoe make damar atawa tjahja panon-poë, karana Goesti Allah noe njaangan ka darinja; sarta i bakal pada ngaradjaän langgěng salalawasna.
    a 1 Moesa 2:10; Jěh. 47:1; Djak. 14:8. b p. 5:1, 6. c p. 21:21. d Jěh. 47:12. e 1 Moesa 2:9; 3:24; p. 2:7.fDjak. 14:11; p. 21:27. g 1 Moesa 32:30; Ibr. 12:14. h p. 3:12; 7:3. i p. 21:23,25. j p. 20:6.
  5.  Toeloej ngalahir ka kaoela: a Eta sakabeh pilahir anoe tadi teh satoehoe djeung saestoe. Ari Pangeran, Allah roh para nabi, geus miwarangan b malaikatna, soepaja noedoehkeun ka abdi-abdi andjeunna pěrkara noe geus pasti
  6. tereh piboektieun. 'Masing ingět, c kami teh tereh datang. d Salamět anoe nětěpkeun kana kasaoeran piwědjang ijeu kitab!
    a p. 19:9; 21:5. b p. 1:1. c p. 3:11. d p. 1:3.
  7. Nja a ijeu kaoela Johannes anoe geus ngadenge sarta nendjo eta sakabeh pěrkara. Ari sanggeusna kadenge sarta katendjo teh, b rěk kaoela měnděk, rek njěmbah ka pajoeneun sampejan malaikat, anoe geus noedoehkeun eta pěrkara
  8. ka kaoela. 'Děmi lahiranana ka kaoela: Poma oelah kitoe! Kami teh batoer sasama ngabdi djeung maneh sarta djeung doeloer-doeloer maneh, para nabi teja, kitoe deui djeung sakoer noe nětěpkeun kana kasaoeran ijeu kitab; njěmbah teh moedoe ka Allah.
    a p. 1:1, 9. b p. 19:10.
  9. Toeloej ngalahir deui ka kaoela: a Ari kasaoeran piwědjang ijeu kitab koe maneh poma oelah dirapět djeung ditjap;
  10. karana geus deukeut ka mangsana. 'bNoe migawe kagorengan, sing antek migawe kagorengan; noe kotor, sing antek ngotoran dirina; noe běněr, sing antek milampah kaběněran; kitoe deui noe soetji,
  11. sing antek njoetjikeun dirina. 'Masing ingět, c kami teh tereh datang, d djeung mawa gandjaran anoe kami, keur malěs ka hidji-hidji djalma, noeroetkeun koe-
  12. maha pagaweanana bae. 'Kami teh e nja Alpa djeung Omega, noe mimiti sarta