Kaca:Pĕrdjangdjian anjar.pdf/1365

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

1351

WAHJOE 22.

djeung panganggeusan, noe pangheulana
  1. sarta djeung pangpandeurina. "Salamět sakoer noe ngalampahkeun timbalan andjeunna! Tangtoe kongang kana f tangkal kahiroepan, sarta asoep kana g lawang, toeloej ka djěro nagara teja.
  2. Ari h di loewarna aja sagala andjing, djeung toekang sihir, djeung noe djinah, djeung noe maehan, sarta noe njěmbah ka brahala, kitoe deui sakoer noe rěsěp kana bohong djeung noe ngalampahkeun.
    a p. 10:4. b Dan. 12:10; Mat. 13:30; 2 Tim. 3:13. c p. 22:7. d p. 2:23. e p. 1:8 , 17; 21:6. f p. 22:2. g p. 21:12, 27. h 1 Kor. 6:10; Ep. 5:5; Pil. 3:2.
  3.  Ijeu kami a Jesoes geus miwarangan malaikat kami, baris měrtelakeun eta sagala perkara ka maraneh, nja garedja sakabeh. Kami teh b akar djeung toeroenan Dawoed, sarta c bentang isoek noe mantjoer tjahjana.
    a p. 1:1, 11. b Jěs. 11:1, 10; 5:5. c p. 2:28.
  4.  Ari a Roh djeung b panganten awewe teh pada sasaoeran kijeu: Moegi geura soemping! Sarta noe ngadenge koedoe ngomong: Moegi geura soemping! Djeung c saha-saha noe halabhab, geura datang; sarta ari noe hajang, geura njokot tjai kahiroepan teu make dibajar.
    a p. 14:18. b p. 21:9. c Jěs. 55:1; Joh. 7:37; p. 21:6.
  5.  Kaoela ngingětan ka oenggal djalma, noe ngadenge kana kasaoeran piwědjang ijeu kitab: a oepama aja noe nambahan ka dinja, eta teh koe Allah tangtoe ditambahan koe balahi, anoe dioengělkeun
  6. dina ijeu kitab; a sarta oepama aja noe ngeuweuhkeun tina kasaoeran ijeu kitab piwědjang, eta teh koe Allah tangtoe dieuweuhkeun doeoemanana tina b tangkal kahiroepan, djeung ti c nagara soetji, sarta ti saniskara noe dioengělkeun dina ijeu kitab.
    a 5 Moesa 4:2; Sil. 30:6. b p. 22:14. c p. 21:2.
  7.  Ari lahirna noe měrtelakeun sakabeh pěrkara tadi teja: Satěměnna, a kami teh b tereh datang. Amin. Noen soemangga, Goesti Jesoes, moegi enggal soemping!
    a p. 22:7, 12. b Ibr. 10:37.
  8. Moegi-moegi a sih-koernija Goesti Jesoes Kristoes njarěngan ka maraneh sakabeh! Amin.
    a 2 Tes. 3:18.

TAMAT PERDJANGDJIAN ANJAR.