Kaca:Pĕrdjangdjian anjar.pdf/430

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
416
1 RADJA 14.
  1. gěgědoeg, njëkěl oemat kami Israil, 'bari karadjaän teh koe kami disoëhkeun ti bangsa Dawoed, seug dipaparinkeun ka maneh; děmi maneh teh lain sapěrti abdi kami Dawoed, d noe ngestikeun timbalan kami, sarta noe anoet ka kami těroes reudjeung hate, karěpna taja deui ngan milampah anoe běněr di pajoeneun
  2. kami bae; 'sabalikna maneh mah migawe goreng, ngaleuwihan ti sakabeh noe heulaeun maneh, datang kamaneh leumpang, e njijeun aällahan keur sěsěmbaheun maneh, nja artja sipat tjitak teja, sangkan ngaběndoekeun kami, sarta diri kami koe maneh f geus dipitjeun
  3. ka toekangeun tonggong maneh: 'koe sabab eta, masing njaho, kami mengkengadatangkeun g katjilakaän ka bangsa Jarobam, sarta rek ngabasmi ahli Jarobam noe lalaki, h boh koering, boh menak di Israil; djeung kami měngkenjapoekeun bangsa Jarobam, satjara noe njapoekeun tai, datang ka běrěsihna.
  4. 'Saha-saha ahli Jarobam noe paeh di djěro nagara, bakal dihakan andjing; djeung saha-saha noe paeh di těgal, bakal dihakan manoek awang-awang; estoe
  5. kitoe pangandika Pangeran. 'Mana andjeun geura dangdan, djig moelang; dimana soekoe andjeun geus datang ka
  6. nagara, boedak teh pipaeheun. 'Djeung sabangsa Israil bakal pada aloek-aloekan katinggal eta, sarta ngaloeboer eta; karana bangsa Jarobam teh ngan eta bae noe piasoepeun kana koeboer; sapedah di bangsa Jarobam teh ngan di djéro eta bae kapěndak noe hade di
  7. pajoeneun Pangeran, Allah Israil. 'Sarta Pangeran měngke pikeun andjeunna ngajakeun hidji radja njangking Israil, i anoe bakal ngabasmi bangsa Jarobam dina mangsa eta; tapi koemaha? ajeuna
  8. ge eukeur.'Djeung deui Pangeran měngke ngagěboeg ka Israil, sakoemaha bajongbong loewak-lejok dina tjai; j malah Israil měngke koe andjeunna ditjaboet ti ijeu tanah noe aloes, noe koe andjeunna dipaparinkeun ka karoehoenna, k bari seug dipantjawoerakeun ka peuntaseun bangawan, sapedah njarijeun Asera-Aserana, ngaběndoekeun Pange-
  9. ran. 'Sarta andjeunna bakal njěrahkeun Israil, koe karana dosa Jarobam, noe migawe dosa, l sarta ngadosakeun Israil.
  10. 'Tidinja garwa Jarobam dangdan, seug moelih, toeloej dongkap ka nagara Tirsa; barang dongkap ka golodog gědong, seug
  11. moerangkalih teh maot. 'Toeloej moerangkalih teh dikoeboer koe sabangsa Israil, sarta pada aloek-aloekan katinggal eta; boekti pangandika Pangeran, noe diandikakeun koe lantaran nabi Ahia,
  12. abdina. -'Ari tjarita Jarobam salijan ti eta, lampahna perang djeung lampahna ngaradjaän, saěnjana kaoengělkeun dina
  13. kitab babad para radja Israil. 'Děmi lawasna Jarobam ngaradjaän teh, doewa likoer taoen; toeloej sare reudjeung karoehoenna; ari Nadab poetrana noe ngaganti djadi radja.
    a p. 11:31. b 1 Sam. 4:15. c p. 11:31, 37. d p. 3:6. e p. 12:28 f Neh. 9:26; Jěh. 23:35. g p. 15:29. h p. 21:21. i p. 15:29. j 2 Radj. 17:23. k Am. 5:27. l p. 12:30.
  14. Děmi a Rěhabam poetra Soeleman teja djoeměněng radja diJoeda. Oemoer Rěhabam keur mangsa djadi radja teh opat poeloeh hidji taoen, sarta toedjoeh wělas taoen ngaradjaänana di Jeroesalem, b nja eta nagara beunang milih Pangeran ti sakabeh kaom Israil, dikersakeun měrěnahkeun padjěněnganana didinja; ari djěněngan iboena Naäma,
  15. oerang Amon. 'Ari Joeda migawe noe goreng di pajoeneun Pangeran, c sarta pada mapanas ka andjeunna koe dosa-dosana, noe koe maranehanana dilampahkeun, ngaleuwihan ti sakabeh noe
  16. dipigawe koe karoehoenna teja. 'Karana eta kitoe keneh njarijeun keur dirina ĕnggon laloehoer, djeung tihang, sarta Asera, d dina sakabeh pasir loehoer djeung di handapeun sakabeh kakaian
  17. ngaroenggoenoek. 'Katoeroeg-toeroeg dina tanah e aja toekang ngadoeboer; lakoe-lampah oerang Joeda teh noeroet keun f sakabeh kagiroekan bangsa-bangsa, noe koe Pangeran disingkahkeun
  18. ti hareupeun oerang Israil teja. 'Ari geus kitoe, mangsa kalima taoenna Rěhabam djoeměněng radja, djěboel g Sisak, radja Měsir, ngaroeroeg ka Jeroe-
  19. salem; 'toeloej njokot radja-brana gědong Pangeran, djeung doenya-brana gědong radja, saniskara bae ditjokot; malah njokot sakabeh h képěng emas,
  20. beunang ngadaměl Soeleman teja. 'Tidinja radja Rěhabam ngadaměl képěng tambaga ngagantian eta, sarta dititipkeun