Kaca:Pĕrdjangdjian anjar.pdf/432

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
418
1 RADJA 16.
ngadaměl Ramah, bari toeloej tjalik i di
  1. Tirsa. 'Gantjang radja Asa ngoendang-ngoendang ka sakabeh oerang Joeda, taja noe teu koedoe datang; prak pada ngakoetan batoe Ramah sarta djeung kaina, noe didaměl koe Baäsa; seg koe radja Asa dianggo ngadaměl nagara
  2. Geba - Binyamin djeung Mispa. -'Ari sadajana tjarijos Asa salijan ti eta, djeung sakabeh pangawasana, kitoe deui sadajana lalampahanana, sarta nagara-nagara noe koe andjeunna didaměl, saěnjana kaoengělkeun dina kitab babad para radja Joeda. j Tatapi keur mangsa sěpoeh, andjeunna kasawat dampal.
  3. 'Toeloej Asa koelěm reudjeung karoehoenna, sarta k dikoerébkeun ka karoehoenna di dajeuh Dawoed ramana; l ari Josapat poetrana noe ngaganti djadi radja.
    a p.14:24; 22:47. b 2 Bab. 15:16. c p.14:23. d p. 22:44, e 2 Bab. 16:1. f p. 14:26. g p. 20:1. h 2 Radj. 15:29. i p. 14:17. j 2 Bab. 16:12. k p. 14:31. l p. 22:2.
  4.  Děmi Nadab poetra Jarobam teja djadi radja njangking Israil teh měněran kadoewa taoenna Asa djoeměněngradja Joeda, sarta ngaradjaänana ka
  5. Israil teh doewa taoen. 'Ari Nadab teh milampah noe goreng di pajoeneun Pangeran, sarta ngalakonan djalan ramana, kitoe deui dosana, noe djadi matak eta
  6. teh ngadosakeun Israil teja. 'Geus kitoe Baäsa poetra Ahia, kaom Isaskar, a sakait ngamoesoeh ka andjeunna; pek andjeunna koe Baäsa dipaehan di Giběton, noe kabilang ka oerang Pělisti; wantoe Nadab djeung sabala Israil keur
  7. ngěpoeng Giběton. 'Ari dipaehanana teh koe Baäsa mangsa katiloe taoenna Asa djoeměněng radja Joeda; toeloej Baäsa
  8. djadi radja, ngaganti Nadab. 'Ari geus kitoe, barang Baäsa geus djadi radja, b pek andjeunna maehan sabangsa Jarobam; sakoer ahli Jarobam noe aja amběkanana taja pisan noe dikarikeun, datang ka toempoerna. Geus boekti pangandika Pangeran, noe diandikakeun koe lantaran abdina, nja eta Ahia, oe-
  9. rang Silo teja; 'tina hal dosa Jarobam, noe migawe dosa, sarta ngadosakeun Israil teja; nja sabab njijeunna piběndoeëun, noe djadi matak eta teh nga-
  10. běndoekeun Pangeran, Allah Israil. - 'Ari tjarita Nadab salijan ti eta, djeung sakabeh lalampahanana,saěnjana kaoengělkeun dina kitab babad para radja
  11. Israil. 'Djeung deui Asa sarta Baäsa, radja Israil, silih-pěrangan bae satoetoep oemoerna.
    a p. 16:9. b p. 14:10, 14.
  12.  Mangsa katiloe taoenna Asa teja djoeměněng radja Joeda, harita Baäsa poetra Ahia djadi radja, njangking sabangsa Israil di Tirsa, [sarta ngaradjaänana]
  13. opat likoer taoen. 'Děmi Baäsa teh milampah noe goreng di pajoeneun Pangeran, sarta ngalakonan djalan Jarobam, kitoe deui dosana, noe djadi matak eta teh ngadosakeun Israil teja.

PASAL 16.

Geus kitoe aja pangandika Pangeran ka Jehoe poetra Hanani, hal Baäsa
  1. teja, kijeu pangandikana: 'Sapedah a maneh koe kami geus didjoengdjoengkeun tina taneuh, sarta didjadikeun gěgědoeg, njěkěl oemat kami Israil, děmi maneh teh ngalakonan djalan Jarobam, sarta ngadosakeun oemat kami Israil, sangkan ngaběndoekeun kami koe dosa-
  2. dosana: 'noe matak kami, masing njaho, b měngke njapoekeun Baäsa sarta djeung bangsana; c ari bangsa maneh koe kami rek disaroewakeun djeung bangsa Ja-
  3. robam anak Něbat teja. 'Saha-saha ahli Baäsa d noe paeh di djěro nagara, bakal dihakan andjing; djeung saha-saha ahlina noe paeh di těgal, bakal dihakan
  4. manoek awang-awang. -'Ari tjarita Baasa salijan ti eta, djeung lalampahanana, sarta pangawasana, saēnjana kaoengělkeun dina kitab babad para radja Israil.
  5. 'Toeloej Baäsa sare reudjeung karoehoenna, sarta dikoeboer e di Tirsa; ari Ela poetrana noe ngaganti djadi radja.
  6. 'Djeung deui, noe matak aja pangandika Pangeran ka Baäsa djeung ka bangsana, koe lantaran f nabi Jehoe poetra Hanani teja, nja eta tina hal sakabeh kagorengan, noe koe eta dilampahkeun di pajoeneun Pangeran, sangkan ngaběndoekeun andjeunna koe djidjijeunan leungeunna, djadi saroewa djeung bangsa Jarobam bae; kitoe deui g tina sabab maehan eta.
    a p. 14:7. b p. 14:10. c p. 15:29. d p. 21:24. e p. 15:33. f 2 Bab. 19:2. g p. 15:29.
  7.  Mangsa kagěněp-likoer taoenna Asa teja djoeměněng radja Joeda, harita