Kaca:Pĕrdjangdjian anjar.pdf/519

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
505
2 BABAD 6.


  1. moegi ngahampoera. 'Manawi aja djalma gadoeh dosa ka batoer, ladjěng ditoempangan soempah, arek disoempahan, tidinja datang, sarěng soempah ka hareupeun altar andjeun, dina ijeu gědong:
  2. 'seug andjeun moegi-moegi ngamakboel ti sawarga, sarěng didaměl; nja moegi ngahoekoeman ka abdi-abdi andjeun ngabalěs ka noe salah, djalanna sina malik ka dirina, sarěng ngaběněrkeun ka noe běněr, dipaparin noeroetkeun ka-
  3. běněranana. 'Sarěng manawi oemat andjeun Israil eleh di hareupeun moesoeh, tina garadoeh dosa ka andjeun; ana ladjěng tarobat, ngarakoekeun padjěněngan andjeun, bari něněda sarawoeh noenoehoen ka pajoeneun andjeun dina
  4. ijeu gědong: 'seug andjeun moegi ngahampoera kana dosa oemat andjeun Israil, Sarawoeh moegi dipoelangkeun kana tanah, noe koe andjeun geus diparinkeun ka maranehanana sarěng ka
  5. karoehoena. 'Manawi langit noetoep, hanteu aja hoedjan; sabab eta garadoeh dosa ka andjeun; ana ladjěng něněda dina ijeu ěnggon, ngarakoekeun padjěněngan andjeun, bari tarobat mitjeun dosana, tina koe andjeun disoekěrkeun:
  6. 'seug andjeun moegi-moegi ngamakboel ti sawarga, kalajan moegi ngahampoera kana dosa abdi-abdi andjeun sarěng kana dosa oemat andjeun Israil, ana koe andjeun geus di woeroek djalan noe sae, anoe koedoe dilakonan koe maranehanana; sarawoeh moegi maparin deui hoedjan ka tanah andjeun, noe koe andjeun geus dipaparinkeun ka oemat an-
  7. djeun, djadi milik. 'Manawi dina tanag aja patjěklik, moen aja pagěboeg, moen aja hama perang atanapi hama beureum, hama simeut atanapi hama hileud; manawi di sěsědek koe moesoehna dina tanah, di nagara-nagarana, naon bae ba-
  8. lahi sarěng naon bae panoehoen, anoe datang ti sambarang manoesa, atanapi ti sadajana oemat andjeun Israil, anoe geus roemaos tjilakana sarěng kasangsaraanana sorangan-sorangan, bari ladjěng nadahkeun leungeunna ka ijeu
  9. gědong: 'seug andjeun moegi-moegi ngamakboel ti sawarga, ti ěnggon andjeun linggih, sarěng moegi ngahampoera, bari maparin ka oenggal-oenggal djalma noeroetkeun sadajana djalan-djalanna, rehing andjeun langkoeng oeninga kana hatena; karantěn andjeun njalira bae noe oeninga kana hate anak Adam;
  10. 'soepaja pada sijeun koe andjeun, ngalakonan djalan andjeun satoetoep oemoer maranehanana hiroep dina tanah, anoe koe andjeun dipaparinkeun ka karoe-
  11. hoen simkoering sadaja. 'Kitoe deui moenggoehing djalma bangsa lijan, anoe teu kalěbět oemat andjeun Israil, madak datang ti nagara djaoeh, tina sabab padjěněngan andjeun noe agoeng, sarěng sabab panangan andjeun noe kawasa, sarawoeh sabab asta andjeun noe njodor; ana datang ka ijeu gědong, sarěng
  12. něněda; 'seug andjeun moegi-moegi ngamakboel ti sawarga, ti ěnggon andjeun linggih, sarěng moegi ngadaměl noeroetkeun saniskantěn anoe mawi eta djalma bangsa lijan teh sasambat ka andjeun; soepaja sadajana bangsa noe di boemi pada ngajahokeun ka padjěněngan andjeun, sarěng sangkan pada sijeun koe andjeun sapěrtos oemat andjeun Israil, sarěng soepaja pada těrangeun, jen ijeu gědong, beunang njijeun simkoering, estoe katělah koe padjěněngan andjeunn.
  13. 'Manawi oemat andjeun boedal, sědja měrangan ka moesoehna, djalan manabae oemat teh dipiwarangna koe andjeun, ladjěng něněda ka andjeun, njanghareup ka ijeu nagara, kenging andjeun milih, sarěng ka ijeu gědong, beunang simkoering njijeun bade padjěněngan an-
  14. djeun: 'seug andjeun moegi-moegi ti sawarga ngamakboel ka panědana sarěng ka panoehoenna, kalajan moegi
  15. ngoeroeskeun pěrkawisna. 'Manawi eta teh garadoeh dosa ka andjeun, (karantěn taja manoesa, noe teu milampah dosa mah) ladjěng andjeun ngaběndon ka darinja, bari sueug diselehkeun ka moesoeh, sarěng didjarah koe eta ka tanah noe
  16. djaoeh atanapi deukeut; 'ana koe maranehanana dipiingět dina tanah ěenggonna didjarah teh, seug tarobat, bari noenoehoen ka andjeun dina tanah pangdjarahanana, pokna: Koering tarima dosa, milampah bengkok, migawe doraka;
  17. 'ana tarobat ka andjeun těroes reudjeung hate, sarěng těroes reudjeung njawa, dina tanah pangdjarahanana, ěnggonna