Kaca:Pĕrdjangdjian anjar.pdf/521

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

2 BABAD 8.

507
 
    pajoeneun kami, bari tarobat mitjeun djalanna noe garoreng, tangtoe koe kami ti sawarga dimakboel, sarta dihampoera dosa-dosana, bari tanahna ditjageurkeun
  1. deui. 'Ajeuna c sotja kami tangtoe neuteup, djeung tjěpil kami tangtoe nga-
  2. dangoekeun ka paněda eta enggon. 'Karana ajeuna eta gědong koe kami geus dipilih sarta disoetjikeun, soepaja djeněngan kami linggih di dinja salalanggěngna; sarta sotja kami djeung manah kami piajaeun di dinja sapapandjangna.
  3. 'Ari maneh teja, oepama maneh loemampah di pajoeneun kami, sakoemaha loemampah Dawoed, bapa maneh, datang ka ngalampahkeun sakoemaha noe koe kami ditimbalkeun ka maneh, nja maneh teh ngestokeun pikoekoeh djeung
  4. hoekoem kami: 'eta kami tangtoe nětěpkeun korsi karadjaän maneh datang ka ngalampahkeun sakoemaha djandji kami ka Dawoed, bapa maneh, pangandika noe kijeu teja: Maneh moal pikapěnggěleun djalma marentah
  5. ka Israil. 'Sabalikna, oepama maraneh aloendoer mah, nja ninggalkeun piekoekoeh kami dipaparinkeun dihareupeun maraneh, sarta los leumpang ngabarakti ka aällahan, djeung njarěmbah ka dinja:
  6. 'tangtoe koe kami geus dipaparinkeun ka darinja; sarta eta gědong, noe koe kami geus disoetjikeun pikeun djěněngan kami, tangtoe koe kami dipitjeun ti pajoeneun kami, sarta koe kami didjadikeun misil djeung popojokan di sa-
  7. kabeh bangsa. 'Sarta eta gědong, noe sakioe poendjoelna, saha-saha noe ngaliwat ka dinja bakal mělěngěk, bari ngomong: Na koe naon Pangeran ka ijeu tanah sarta ka ijeu gědong ngada-
  8. měl kijeu pětana? 'Tangtoe didjawab kijeu: Koe sabab djalmana naringgalkeun Pangeran, Allah karoehoenna, noe ngaloewarkeun maranehanana ti tanah Měsir, sarta moentangan ka aällahan, bari njarěmbah djeung ngabarakti ka dinja: Kitoe noe matak ngadatangkeun ka maranehanana ijeu sakabehna katjilakaän. a 1 Radj. 9:1 b 5 Moesa 28:10. e p. 6:40.

PASAL 8.

    Děmi geus meunang doewa poeloeh taoen, parantos Soeleman ngadaměl gědong Pangeran djeung gědong andjeun-
    1. 'Geus kitoe nagara-nagara, noe koe Hoream dipaparinkeun ka Soeleman, koe Soeleman didaměl, djeung ngěnggonkeun oerang Israil di dinja.
a 1 Radj. 9:10.
 
  1.   Tidinja Soeleman angkat ka Hamat-Soba, pek koe andjeunna diëlehkeun.
  2. 'Toeloej ngadaměl nagara Tadmor, di těgal lěga, djeung sakabeh nagara panggoedangan, noe koe andjeunna didaměl
  3. di Hamat. 'Malah ngadaměl Bet-Horon girang djeung Bet-Horon hilir, nagara wěwěg, koetaän, djeung toe-
  4. lakan; 'kitoe deui Balaät, djeung sakabeh nagara panggoedangan kagoengan Soeleman, sarta sakabeh nagara pakaretaän, djeung nagara-nagara ěnggon toekang toempak koeda, sarta naon bae kasoekaän Soeleman, noe dikěrsakeun didaměl di Jěroesalem, djeung di goenoeng Libanon, sarta di sakoeriling tanah, noe kapoerba koe andjeunna.
  5. 'Moenggoehing sakabeh djalma noe teu kaäsoep oerang Israil, nja eta sakarina oerang Het, oerang Emor, oerang Pares, oerang Hiwi djeung oerang Jěboes teja,
  6. 'anak-intjoena, noe kari dina tanah pandeurieun eta, noe teu kabejakkeun koe oerang Israil, nja eta noe koe Soeleman dikěrid, didjadikeun toegoeran, těpi ka
  7. mangsa ajeuna. 'Děmi oerang Israil mah taja noe koe Soeleman digawekeun ka pagawean andjeunna; satěgěsna eta teh djadi pradjoerit, djeung kapala satrija andjeunna, djeung kapala karetana, sarta
  8. toekangna toempak koeda. 'Sarta ijeu teh kapala-kapala, noe dimandorkeun koe radja Soeleman teja, doewa ratoes lima poeloeh, poerah marentah ka eta
  9. djalma-djalma. 'Děmi poetra Piraon noe istri teja koe Soeleman ti dajeuh Dawoed dialihkeun ka gědong, beunang Soeleman ngadaměl pikeun andjeunna; karana lahirna: Garwa kami moal tjalik di gědong Dawoed, radja Israil; karana ěnggon eta soetji, asal bareto diasoepan pěti Pangeran.   a 1 Radj. 9:24
  10.  Ti mangsa eta Soeleman sok ngoerbankeun ka Pangeran koerban doeroekan, dina altar Pangeran, beunang andjeuna ngadaměl di hareupeun bale
  11. teja. 'Nja eta sabakoe-bakoena dina oenggal-oenggal poë dikoerbankeun,