Kaca:Pĕrdjangdjian anjar.pdf/954

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
940
DANIËL 1.

KITAB NABI DANIËL.

__________


PASAL 1.

    Mangsa katiloe taoenna Jojakim djoeměněng radja Joeda,a djěboel Něboekadnesar, radja Baboel, ka Jēroesa-
  1. lem , sarta nagara teh dikepoeng. 'Geus kitoe koe Goesti eta Jojakim, radja Joeda, diselehkeun ka leungeun Něboekadnesar, sarta djeung b sawareh parabot gědong Allah; toeloej parabot teh koe Něboekadnesar dibawa ka tanah Sinar, ka gědong aǎllahanana, diasoepkeun ka
  2. goedang doenya-brana aǎllahanana.'Sarta radja marentah ka Aspěnas, kapala mantri djèro andjeunna,c koedoe njanggakeun djalma ngalora ti lebah oerang Israil, těgěs ti toeroenan radja, djeung
  3. ti para menak ; 'nja djalma ngalora noe taja pisan tjatjadna, sarta harade roepa, toer paham dina sagala kapintěram, sarta reja pangabisa, djeung ngaharti elmoe; noe oetama djadi toekang marěk di padalěman radja; sarta koedoe pada dipagahan kitab, kitoe deui basa Kasdim.
  4. 'Malah radja nangtoekeun pibagianeunana dina oenggal-oenggal poë tina kadaharan radja djeung tina anggoer leueutanana, sarta diparentah dimoemoele tiloe taoen lilana, ari geus toetoep eta tiloe taoen pada pimarěkeun di pajoe-
  5. neun radja. 'Děmi dina lěbah eta djalma ngalora Daniël, Hananya, Misael djeung Asarja, pada kaasoep oerang Joe-
  6. da. 'Ari koe kapala mantri djěro pada dibere ngaran; nja eta Daniël dilandi Beltěsasar, Hananya dilandi Sadrak, Misael dilandi Mesak, ari Asarja dilandi
  7. Abed-Něgo. 'Děmi Daniël nangtoekeun dina ati, moal ngarěrědkeun maneh koe kadaharan radja, atawa koe anggoer leueutanana; djeung Daniël panoenoehoen ka kapala mantri djěro, soepaja
  8. montong ngarěrědkeun maneh. 'Sarta Daniël teh d koe Allah dipaparin kaäsihan djeung kawělasan di hareupeun ka-
  9. pala mantri djěro. 'Ari saoer kapala mantri djěro teh ka Daniël: kami teh sijeun koe goesti kami sang radja, noe geus nangtoskeun kadaharan djeung inoeman oedjang-oedjang; karana koemaha lamoen ningali pasēmon oedjang karoetjěm, beda djeung djalma ngalora noe saoemoer djeung oedjang? Ari kitoe mah oedjang djadi matak diri kami ka-
  10. těmpoehan koe radja. "Tidinja Daniël mihatoer ka loperes, noe koe kapala mantri djěro dibakoekeun ngoeroes ka Daniël, Hananya, Misael djeung Asarja,
  11. [pihatoerna]: 'Abdi gamparan moegi pada didjadjal watěs sapoeloeh dintěn; nja
  12. tjai pikeun inoemeun. 'Sarěng moegi ditingalian di pajoeneun gamparan roepa abdi-abdi, kitoe keneh roepa djalma ngalora noe narēda katoewangan radja; sarawoeh moegi midaměl ka abdi-abdi gamparan sakoemaha noe katingali koe
  13. gamparan. 'Ari loperes teh ngagoegoe ka darinja dina eta pěrkara; toeloej pada didjadjal, meunang sapoeloeh poë.
  14. 'Geus toetoep noe sapoeloeh poë teh, katingali roepa eta opat djalma leuwih aloes, djeung awakna leuwih lintoeh ti batan sakabeh djalma ngora, noe nga-
  15. hakan kadaharan radja. "Tidinja koe loperes kadaharan bagianana djeung anggoer inoemanana dilaän, ari noe dilelerkeun ka darinja nja sipat beunang
  16. njěbar bae. Děmi eta djalma ngora noe opatan teja koe Allah dipaparin kanjaho, sarta paham dina sakabeh kitab djeung kapintěran; e samalah Daniël teh dipaparin těrang dina sagala tetendjoan
  17. djeung impian. 'Ari geus toetoep mangsana noe diparentahkeun koe radja, piwaktoeěun njanggakeun djalma ngora teja, toeloej ko kapala mantri djěro pada disanggakeun ka pajoeneun Něboe-
  18. kadnesar."Tidinja radja sasaoeran djeung Daniël, Hananya, Misael djeung Asarja; noe matak eta pada djadi toekang marěk di pajoeneun
  19. radja. 'Ari sagala perkara kapinteran djeung pangartian, noe koe radja