Kaca:Pĕrdjangdjian anjar.pdf/955

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
505
2 DANIËL 2
    dipariksakeun ka darinja, pada kapěndak sapoeloeh patikělaneun ngoengkoelan ti sakabeh pandita djeung djoeroe těnoeng, noe aja di sakaradjaänana.
  1. 'Ari Daniël teja tětěp dongkap ka f taoen noe kahidji Kores djoeměněng radja.
    a 2 Radj. 24:1. b 2 Bab. 36:7. c 2 Radj. 20:18. d 1 Moesa 39:21. e Joh. 28:3. f Esr. 1:1.

PASAL 2

    Mangsa kadoewa taoenna Něboekadnesar teja djoeměněng radja, a harita Něboekadnesar ngimpen; heug manahna goelinggasahan, sarta andjeunna kanděg
  1. koelěmna. 'Tidinja radjab miwarang njaoer pandita-pandita djeung djoeroe-djoeroe těnoeng, kitoe deui taroekang sihir djeung ahli-ahli Kasdim; soepaja ngoeningakeun ka radja eta impenanana. Gantjangna daratang, sarta pada marěk di
  2. pajoeneun radja. 'Pok radja ngalahir ka darinja: Kami tadi ngimpi, sarta pikir kami goelinggasahan, hajang njaho eta impian.'Pioendjoek ahli-ahli Kasdim teh ka radja, make basa Sam: cMoegi sang radja salamět salalanggengna! Soemangga, impenan teh tjarijoskeun ka abdi-abdi gamparan, mangke pibaloekareunana koe abdi sadaja dioendjoekkeun.
  3. 'Ngawalon radja, kijeu lahirna ka ahli Kasdim teh: Omongan kami geus pasti, oepama eta impian djeung pibaloekareunana koe maraneh teu dinjahokeun ka kami, d mangke maraneh dipotong-potong, sarta imah maraneh didjijeun
  4. djarian. 'Sabalikna, oepama eta impian djeung pibaloekareunana koe maraneh dipopojankeun mah, tangtoe maraneh meunang pasihan, djeung gandjaran, sarta kahormatan gěde ti hareupeun kami; mana ajeuna bedjakeun ka kami eta
  5. impian djeung pibaloekareunana. 'Mindo ngawangsoelna, kijeu pioendjoekna: Soemangga, impenan teh koe sang radja moegi ditjarijoskeun ka abdi-abdi, tinangtos pibaloekareunana koe abdi-abdi
  6. dioendjoekkeun. 'Ngawalon radja, kijeu lahirna: Kami njaho sidik pisan, jen maraneh hajang mandjangkeun mangsa, sapedah maraneh pada tērang, jen omo-
  7. ngan kami teja geus pasti. 'Tapi lamoen eta impian koe maraneh teu dinjahokeun mah, pihoekoemaneun maraneh sahidji; karana maraneh sakongkol njatoerkeun omong bohong nja teu hasil ka hareupeun kami, těpi kaganti mangsa; mana geura tjaritakeun impian teh ka kami, mangke kami njaho, jen maraneh bisa ngabedjakeun pibaloekareunana ka
  8. kami. 'Ngawangsoel ahli- ahli Kasdim teh ka pajoeneun radja, kijeu pioendjoekna: Noen, taja pisan djalma di sadjagat kabeh, noe bisa ngoendjoekkeun eta pěrkawis sang radja; anoe mawi sadajana radja, gěgěden atanapi noe kawasa, taja noe moendoet pěrkawis kitoe ka saha bae pandita, djoeroe
  9. těnoeng atanapi ahli Kasdim. 'Ari eta pěrkawis, noe dipoendoet koe sang radja, abot teuing, sarěng taja deui noe ijasa ngawartakeun eta ka salira radja, kadjawi ti batara-batara, noe linggihna teu sinarengan sarēng bangsa daging.
  10. 'Tina sabab kitoe radja teh běndoe, bari sewot katjida, sarta radja marentah, sakabeh boedjangga di Baboel koedoe
  11. digěmpoer. 'Djol eta parentah ka loewar, sarta boedjangga-boedjangga bakal dipeuntjitan; malah Daniël djeung rentjang-rentjangna ditejangan, bakal di-
  12. pareuntjit. 'Tidinja Daniël ngahatoerkeun pirěmpag djeung pepeling ka Arjok, kapala toekang peuntjit anoe radja, noe geus ka loewar baris meuntjit boe-
  13. djangga-boedjangga di Baboel. 'Pok Daniël mihatoer ka Arjok, noe dikawasakeun koe raja teh: Naha aja parentah sakitoe angkěr ti pajoeneun radja? Tidinja eta pěrkara koe Arjok ditjarijoskeun
  14. ka Daniël. 'Gantjang Daniël ngadeuheus, sarta noenoehoen ka radja, moegi dipaparin tempo, soepaja ngoendjoekkeun pibaloekareunana ka salira radja.
    a 1 Moesa 41:1. b p. 1:20; 5:7. c Noh. 2:3 ; p. 3:9. d Esr. 6:11; p. 3:29.
  15. Tidinja Daniël moelang ka boemina, sarta ngawartakeun eta pěrkara ka Hananya, Misael djeung Asarja, rentjang-
  16. rentjangna teja, 'sangkan pada njoehoenkeun kawělasan ti pajoeneun "Allah sawarga, hal eta rasijah; soepaja Daniël djeung rentjang-rentjangna baréng sakoer boedjangga di Baboel salijan ti dinja oelah koengsi digěmpoer.
  17. 'Tidinja eta rasijah diëbrehkeun ka Daniël dina tetendjoan ti peuting; toeloej Daniël moedji soekoer ka Allah sa-
  18. warga. 'Pok Daniël mioendjoek, kijeu