Kaca:PAR 001 Wawacan Pandita Sawang.pdf/3

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Bismillahirrahmaanirrahiim

// pupuh asmaran //

Iyeu simkuring ngagurit, nyiyeun tembang pangangguran, tamba saré soré-soré, ngabubungah pipikiran, suganna leungit kasusah, ngalilipur, hawa napsu, megatan hawa di dunya // malah mandar sugan éling, ka badan urang sorangan, tamba poék teuing haté,milihan carita layang, sugan aya nu keresa, jeung sugan leungit kabingung, sabot eukeur tetembangan // ari anu jadi kawit, aya sahiji pandita, ari jenenganana téh, pandita sawang nu kocap, di atas angin lemburna, putrana pameget mulus, jenenganana ki mur'at // putra kalangkung diasih, kawantu ngan hiji pisan, harita éta putra téh, pék disaur ku (ramana), ka diyeu manéh ki mur'at, ama téh badé ngawuruk, dawuh ngeling2 nu mangpa'at// ama ka ujang weweling, ku bawaning tina nyaah, ama teu boga keur méré, sipat dunya emas pérak, sumawonna _ _, kuda munding sapi lembu, buwat ngawaris ka ujang //