Kaca:PAR 001 Wawacan Pandita Sawang.pdf/4

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

1

pan iyeu nu jadi misil, pawaris ama ka ujang, dangukeun masing kahartos, tungkus dina jero manah, sakabéh piwulang ama, anu mimiti dicatur, waktu deuk gelar ka dunya // mimiti manéh rék jadi, mijilna gara2 ama, éta kiyeu nu karaos, tina buwah kalbu ama, karana éta jadina, ama téh niyat ka ibu, pikir ama hayang jima // pikir kajadiyan esir, esir téh teu matak aya, sanganu jadi deui bolon, lamun teu jeung nu keresa, mowal enya tulus aya, teu jadi ti ama wungkul, ama mah didamel bagal // mener caritaan sindir, disebut dina aksara, aksara alif eujeung bé, alif enya pangheulana, tapi hanteu kajadiyan, ari bé buktina semu, tah nu témbong pangheulana // semu tangtuna ngajadi, lamun geus témbong kaluar, kumpul ti raray ama téh, budi anu alus téya, kitu ujang rék jadi téh, geus kitu semu téh kumpul, campur di ma'rifat ama // tina tarang lungsur deui, eunteup ka pangambung ama, ti dinya terus _ _ _ro, eunteup kana napas ama, ti dinya éta terusna, kana ratug karubasap, di dinya mah pacampuran, ti dinya mah candak bibit, bibit