Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/104

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
97
  1. Lamoen djaksa lakoe lampahna teu bĕrsih, mowal bisa njaram, sijeun dibalĕskeun deui, toengtoengna dajeuh baroentak.
  2. Radja wadjib ngaraksana ka noe leutik, djeung ka pakajana, salamĕt badan djeung diri, toempoerkeun sagala hama.
  3. Mantri-mantri noe djĕpit koedoe disĕngit, maoeng djeung boehaja, toempoerkeun soepaja leungit, sakabeh noe djadi hama.
  4. Ratoe wadjib njijeun djalan wara-wiri, troes ka dajeuh lijan, keur noe dagang poelang-anting, hanteu kanti kasoesahan.
  5. K I N A N T I.

  6. Mesĕm lĕlĕb radja sĕpoeh, langkoeng soeka manah goesti, ngadangoe poetra miwĕdjang, naha mana bejak teuing, taja lampah noe kaliwat, disĕboetkeun hidji-hidji.
  7. Radja sĕpoeh ladjĕng njaoer, he Pamĕkas oelah lali, eta sapiwoeroek kakang, tangtoe salamĕt nja diri, radja Dewabrata njĕmbah, moegi aja djijad goesti.
  8. Wĕrat niroe sapiwoeroek, kangdjĕng kakang sri boepati, ti dinja ladjĕng boebaran, pada maroelih ka boemi, oenggal isoek magĕlaran, koempoelan mantri boepati.
  9. Djeung oenggal wĕngi diwoeroek, titi pamĕngkoe nagari, lampah ngaheujeuk nagara, patih anjar kitoe deui, diwoeroek elmoe djeung tata, wadjibna moenggoeh papatih.
  10. Tata-titi tindak-tandoek, noe djadi wawakil goesti, kijeu woeroek praboe Tjĕmpa, he Pamitra oelah lali, maneh djadi patih radja, koedoe patitis nja boedi.
  11. Lamoen aja lampah ratoe, anoe teu soeroep djeung pikir, oelah rek oepat soemoewat, koedoe oendjoekeun ka goesti, pioendjoek bakal tĕmahna, soepaja loeloes nagari.
  12. Tjindĕkna koedoe di tiroe, eta kangdjĕng bapa patih, koe maneh meureun katingal, koedoe kitoe nja papatih, sarta kijeu baloekarna, papatih anoe patitis.
7 D