Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/105

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
98
  1. Ki Pamitra njĕmbah matoer, moegi agoeng djijad goesti, kadjawi djijad gamparan, noe ditĕda beurang peuting, moegi estoe koemawoela, ka raji gamparan goesti.
  2. Sokadana tambah gĕmoeh, para mantri woewoeh soedi, pra ponggawa woewoeh soeka, soemawon para boepati, patih djeung radja magawan, doewanana pada ngaping.
  3. Asih nagara diatoer, oepĕti dibagi-bagi, didamĕl lima doeoeman, sadoeoeman ka kipatih, doewa bagijan ka radja, noe doewa bagijan deui.
  4. Di asta koe radja sĕpoeh, sang praboe sĕpoeh geus njingkir, tjalik di babakan anjar, sĕnang ngahĕnang-ngahĕning, katjatoer sang praboe Tjĕmpa, ngadeuheus pamit rek moelih.
  5. Ngadeuheus ka radja sĕpoeh, praboe Dewabrata ngiring, sarĕng djeung garwa-garwana, sadaja ĕnggeus tjaralik, ngandika praboe bagawan, ama ngeunah teuing pikir.
  6. Ningal maneh doewa praboe, panĕda ama ka goesti, ka noe moerba noe wisesa, noe ngadamĕl boemi langit, masing loeloes roentoet pisan, sakait reudjeung pangampih.
  7. Kadjeun nagara padjaoeh, sok moen padeukeut nja pikir, oepama boga kasoesah, koedoe sili toeloeng diri, djeung pada sili bedjaän, poma agoes sing areling.
  8. Doewanana njĕmbah matoer, soemoehoen timbalan goesti, sĕdja diestikeun pisan, sapiwoeroek mowal lali, sarĕng taja noe disĕdja, ngan hibar gamparan goesti.
  9. Sarĕng praboe Tjĕmpa matoer, noen manawa idin goesti, sim koering pamit rek moelang, rada hawatos nja pikir, geus lami tilar nagara, manawi aja prakawis.
  10. Kangdjĕng praboe sĕpoeh njaoer, agoes nja hade teh teuing, geus lawas tinggal nagara, boeroe-boeroe beurang-peuting, wantoe-wantoe djĕnĕng anjar, pageto agoes nja indit.
  11. Nji Sĕkarkantjana njaoer, ajeuna koetan rek moelih, iboe sono keneh pisan, ka andjeun reudjeung ka njai, tapi dalah di koemaha, anggoer sae mangke deui.