Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/106

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
99
  1. Wantoening noe djĕnĕng ratoe, reja kabeurat karisi, soemawon moen masih anjar, reja kasĕmang kainggis, wajahna sono ditahan, soegan parĕng mangke deui.
  2. Ladjeung taroewang ngarijoeng, saämbĕng pamĕgĕt istri, tiloe radja sarĕng garwa, langkoeng soeka-manah goesti, ngarijoeng djeung para poetra, sanggeus toewang pamit moelih.
  3. Sri Dewabarata njaoer, ka Pandji Pamitra patih, he kakang patih ajeuna, geura miwarang tjatjawis, rehna kakang praboe Tjĕmpa, pageto ngĕrsakeun moelih.
  4. Sakabeh para toemĕnggoeng, oelah aja anoe kari, oerang ngadjadjapkeun kakang, sarĕng djeung koela pribadi, sarta dongkap ka plaboewan, ki patih matoer ka goesti.
  5. Soemangga sakĕrsa praboe, djisim koering rek tjatjawis, ngadawoehkeun satimbalan, samemeh aja pilahir, abdi-abdi geus sajaga, ngantosan timbalan goesti.
  6. Kotjapkeun dongkap ka waktoe, isoek-isoek geus tarapti, para ponggawa sadaja, parabot ĕnggeus ngabaris, oemboel-oemboel djeung bandrangan, lawe rontek hanteu kari.
  7. Geus pinoeh di aloen-aloen, djĕlĕma heurin koe bitis, malah geus leber ka pasar, pinoeh latar pantjaniti, koe istri para ponggawa, soemĕdja moendjoeng ka goesti.
  8. Ladjĕng radja Tjĕmpa moendjoeng, ka rama hormat teh teuing, sarĕng ka patih bagawan, djeung ka iboe prameswari, nji ratoe Sĕkarkantjana, kotjejak nangis ngadjĕrit.
  9. Tina tatjan warĕg tĕpoeng, wantoe-wantoe watĕk istri, istri-istri anoe reja, soemĕgroek mariloe nangis, soemawon pawarang Tjĕmpa, nangis koe bawaning kĕtir.
  10. Sang radja bagawan njaoer, ĕnggeus njai oelah tjeurik, anggoer djaga oerang ngandjang, sarta adatna lalaki, ngoembara njijar kamoeljan, tinggal asal moro asil.
  11. Di Tjĕmpa mah ĕnggeus tangtoe, oentoeng liwat tina asil, karadjaän Sokadana, ti dinja nangisna lilir, ratoe prameswari Tjĕmpa, ladjĕng bae nitih djoli.
* D