Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/107

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
100
  1. Didjadjapkeun para iboe, diiring koe para bibi, dongkap ka latar paseban, manahna kĕtir kawatir, ladjĕng kangdjĕng praboe Тjĕmpa, nitih koeda djeung kang rai.
  2. Aleutan tjara kapoengkoer, basa keur waktoena soemping, diatoer tjara karija, noe kantoen kalangkoeng sĕdih, tjara meuntas karijaän, tiiseun asa sarĕрі.
  3. Вale bandoeng asa soewoeng, pantjaniti asa sĕpi, djĕр tjara gaäng katintjak, sigĕgkeun anoe keur sĕdih, tjatoerkeun sang praboe Тjĕmpa, ka palaboewan geus soemping.
  4. Ĕпggeus sadija parahoe, sampan leutik geus ngabanding, radja loengsoer tina koeda, poetri loengsoer tina djoli, praboe anom Sokadana, moendjoengan barina nangis.
  5. Sĕgrak-sĕgroek bari njaoer, ka pangkon raka boepati, raka njoesoetan tjisotja, bari njombo ka kang rai, eh adi masing tawĕkal, montong dipake hawatir.
  6. Kakang ajeuna rek toeloej, mowal lila moelang deui, tatapi panĕda kakang, poma adi oelah lali, kana pamagahan kakang, masing ingĕt beurang-peuting.
  7. Kаkang mihapekeun sĕpoeh, ama praboe ama patih, masing jasa ngala manah, koedoe jasa meuli-meuli, adat sĕpoeh sok tjĕgoekan, ana teu kabeuli-bеuli.
  8. Geus lĕdjar sĕdih geus lipoer, ladjĕng radja sarĕng rai, geus pada naritih sampan, pra ponggawa para mantri, kantoen rai noe katilar, ningalikeun bari nangis.
  9. Kĕbatna noe mangoen tjatoer, sang praboe Тjĕmpa nagari, ĕnggeus nitih kana kapal, tangginas para kalasi, tarik djangkar beber lajar, kapal sedjen kitoe deui.
  10. Маrjĕm diseungeut djoemĕgoer, ti darat dibalĕs deui, kapal ngaleut lapat-lapat, kabĕnĕran meunang angin, sigĕgkeun noe eukeur lajar, kotjap di Тjĕmpa nagari.
  11. Sadjĕngkarna kangdjĕng praboe, ki Soera Andaka ngoeping, jen radja Тjĕmpa teu aja, datang akalna rek dĕngki, toeloej leumpang gaganjangan, karĕpna ngagoda patih.