Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/108

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
101
  1. Gantjangna ĕnggeus patĕpoeng, Soera Andaka djeung patih, datang-datang ki Andaka, ngarontok barina tjeurik, pokna wĕlas koe nagara, diratoewan sedjen djinis.
  2. Pikir koering mowal loepoet, nagara dibalik boemi, sakabeh mantri ponggawa, geus tangtoe pada diganti, koe papatih Sokadana, bondorojotna dikĕrid.
  3. Anggoer andjeun djadi ratoe, di dijeu noe njakrawati, ngawoelakeun koela warga, abdi-abdi soeka ati, raden patih ngawangsoelan, kami bĕrsih pisan pikir.
  4. Taja pisan nijat kitoe, bĕlang bajah gindi pikir, da geus karsana sang radja, sarta geus dingin pinasti, reudjeung ngeunah karasana, jasa ngalap-ngalap pikir.
  5. Ki Andaka deui matoer, meureun bae djalma pĕlit, ngolo-ngolo ngabongohan, tiroe tipoe oerang kĕling, koering tĕrang meunang bedja, toeroenan noe pĕlit djoelig.
  6. Ki patih oepama toenggoel, teu obah katĕbak angin, wangsoelna soegal doek soera, maneh sok istrenan teuing, ngagoda ngadjakan papa, ti kapoengkoer maneh dĕngki.
  7. P A N G K O E R.

  8. Ngahoelĕng Andakasoera, teu katampa panggĕndamna koe patih, pangwoedjoekna teu digoegoe, anggoer ditembal soegal, ki Andaka toeloej njĕmbah amit moendoer, ngĕtĕk-ngĕtĕk djro pikirna, di imah teu wĕleh mikir.
  9. Doemadak nji patih ngandjang, toeloej bae ki Andaka ngĕtjĕwis, ka njai patih wawadoel, koering heran koe raka, hanteu pisan ngagoegoe kana pihatoer, toer wĕlas koe salirana, menak ngawoela ka koering.
  10. Teu ngaraos kalingsĕman, didjĕnĕngan koe oerang mana-mĕndi, toer andjeuña oge patoet, ngaratoewan di Tjĕmpa,