Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/109

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
102
    tjoba manah lain lĕrĕs éta kitoe, handjakal koe linggih raka, teu beunang dipikawatir.
  1. Tjoba koe adjĕngan manah, patoet tĕmĕn moen djadi prameswari, disĕmbah diagoeng-agoeng, lamoen rĕmpoeg djeung raka, koering sanggoep ngadjoengdjoeng ngalawan moesoeh, radja noe keur ngalalana, oelah meunang asoep deui.
  2. Saoepama oraj-naga, moen geus bidjil tina sajangna tadi, tangtoe hanteu meunang asoep, radja mangkoe nagara, tjara kitoe moen geus bidjil ti kadatoen, tangtoe apĕs pĕrbawana, teu daekeun mĕnjat deui.
  3. Sarta gampang ngalawaña, hĕnteu reja mawana paradjoerit, tangtoe reja anoe kantoen, sarta oerang ti darat, reja bahan mowal kakoerangan sangoe, gĕdong oewang oerang boeka, bagikeun ka abdi-abdi.
  4. Nji patih rĕsĕp manahna, ngadangoekeun pihatoer anoe manis, karaos mangke geus kaboel, tjaroge djadi radja, andjeun tangtoe djadi prameswari ratoe, soeka soegih dipajoengan, diiring koe koering-koering.
  5. Ngawalon ka ki Andaka, mangke koela ngagĕdjĕg ka salaki, naha mana hanteu noeroet, ka tarekah andika, salah tĕmĕn djalma teu beunang didjoengdjoeng, soeka tĕmĕn djadi radja, sangeunahna djadi patih.
  6. Matoer deui ki Andaka, andjeun eta kongas dipikaäsih, moen ĕnja dipikaloetjoe, meureun aja tapakna, ka tjaroge sasaoer-sasaoer digoegoe, nji patih oedjoeb soewahan ngawangsoel barina indit.
  7. Soeka paeh nĕwĕk raga, lamoen hanteu digoegoe koe salaki, gantjangna nji patih toeloej, manggihan tjarogena, naros sabab naha mana teu digoegoe, pihatoer Andakasoera, toer eta njĕnangkeun diri.
  8. Patih ngawangsoel ka garwa, si Andaka njai ngadjak balai, ngadjak asoep kana tjoebloek, mawa kana piroewang, moen digoegoe, oerang tangtoe lĕboer adjoer, ngadjak ngamoesoeh ka radja, toer oerang teh mowal mahi.